wilujeng MJ..!! salian janten kuncen oge janten tempatna sasadu istri batur... hihihi...
Boa-boa istri abi kitu nya nu nalipung teh...?? pedah pernah nyarita hayang ngawayuh ka urang kusnet... :D Panzi > > > Tadina moal dicaritakeun, yeuh. tapi ku maha atuh. > > > > Poe saptu minggu kamari lalajo Indiana Jones ditraktir kang Soni > bolotot.com > di parijs van java. Filmna rame. Tapi lain eta un rek dicaritakeun. > > Kieu: > > di tempat parkir, aya nu nelepon. Istri, ti jakarta. Nyaritana basa > indonesia. Sugan teh popotongan (urut kabogoh), borona geus atoh (sugan we > mere proyek), tapi lain. Istri batur, geus boga budak tilu. Nelpon ka si > kuring cenah alatan jadi salah dalapan kuncen kusnet jeung meureun rada > heubeul. > > > > Perkara naon? > > Manehna, bari dareuda, menta si kuring milu mereskeun pasoalan rumah > tanggana jeung salah saurang baraya kusnet nu cenah 'salingkuh' jeung > urang > kusnet deui. > > > > Alaah aing mah. Karek ge meunang kasenang tas lalajo Indiana Jones, jadi > murungkut deui hate teh. Jadi katempuhan kieu, euy. Sanajan kuncen #3, > asana > teu milu tanggung jawabarat kana efek samping -nu gorengna- ieu milis > kusnet. Enya, kusnet bisa jadi tempat nyari jodo. Tapi pikeun nu marasih > lelengohan. Atuh ari nu geus buntutan, tandukan mah, teu kudu. > > > > Kudu kumaha nya uing? Da uing mah teu boga pangalaman kitu. Kungsi loba > kabogoh, tapi da keur bujangan. Da ari geus kawin mah, pangsiun. Adat > leboy > teu diingu, da rumasa matak riweuh jeung kacape-cape. Mending ulin jeung > bati, sadua-dua, keur lulucuna. Asa di sorga karuh ari kumpul di imah > mitoha > ulin jeung barudak bari silih jebian jeung indungna. > > > > Mun cara KUA mah meureun, nya ari geus teu bisa dihadean mah atuh > pepegatan > we. Sanajan alusna mah ulah. Bari na oge, da kalolobana urusan sahwat nu > karitu teh. > > Lalaki Sunda tukang nyandung cenah. Atuh nyandung. Sanajan pastina > pikanyerieun istri nu senior jeung moal satujueun. Kajeun pepegatan. Nya > pegat we atuh. Sanajan keukeuh, ulah. Anggur mah urus barudak, ibadah eta > teh. Tong ngalajur napsu. Da nu geulis mah ngan ukur urusan deudeuleuan. > > > > Ka pihak istri nu ngaladenan, nya kumaha nya, teh, neng, ceu. Meureun aya > keneh lalaki jalu pameget nu masih lelengohan. > > > > Kanu rumasa, plis deh. > > > > Punten yeuh, lain mamatahan ngapung ka pilot.

