Meong Congkok meureun ........ Gede awakna teu pati jauh ka ucing Kelirna hawuk (abu-abu) aya totol hideung saeutik
kade ah ...... anu rada gede wani ngegel budak susu teu daekeun, lauk teu daekeun ? coba bere roti jeung endog kulub ... mun teu daekeun keneh ... kirim ka dieu tah susu, lauk, endog jeung rotina meong na mah keun we bere parab nu lain ... Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Susu henteu, lauk henteu, komo lauk asin mah....mun kitu mah lain ucing tapi meong. Alah geuning wayah kieu aya keneh meong....tos we paraban ku daging atah, duka pami disate atanapi disemur heula mah. Mun tos jag-jag leupaskeun ka leuweung gura giru geura ke bisi indungna neang, heboh geura kampung teh. Biasana meong anakan 2-3 jadi kamungkinan misah ti dulurna, jadi.........kahade ah indung bapana neang. JP ----- Original Message ---- From: kun2 <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, June 6, 2008 7:15:16 AM Subject: [Urang Sunda] ucing naon ? Dulur sadaya, Cik sugan aya anu terang ucing naon ieu , Ucing ieu the sasab sigana mah , ngan aneh na teh buluna teu biasa siga ilaharna ucing piaraan tuluy teu uang-eong disada nateh rada ngagereng, sieun anak macan tea Parabna naon nya ? dibere susu teu daekeun, dibere lauk teu daekeun .. Kun2 Si Hoc Legere Scis Nimium Eruditionis Habes Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

