Didieu asa teu jelas pola hirup nu baleunghar teh (atawa teu jelas kumaha 
beungharna he..he...), nepi ka fungsi vila ge teu jelas da leres loba kosongna 
jadi lain tempat niis lumpat tina "kerja keras" sapopoe. Fungsina malah jadi 
tempat mesum da bisa disewa rek resmi rek dibawah tangan ka nu ngajaga vila, 
buktosna mah mangga we ngalangkung ka puncak, cipanas.
Asana can lila ka Cimalati deuuuuuh ayeuna mah pangling, beda pisan sikon 
dibanding basa kadinya keur HBH tea. Ayeuna mah seuer vila malah  dina totogan 
memeh ka pangojayan Cimalati aya nu agreng pisan model istana Perancis.
JP
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: trias santosa <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, June 10, 2008 4:11:47 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] kuriak tea, jurus nyieun imah


Kang Dian,
Jawabna gampil pisan.
Waragadna ageung pisan, ngabangun salantai kahandap ekivalen jeung 2 lantai 
kaluhur. Teu kabedag ku cicis rahayat di urang, cacakan kakara ku program 
Perumnas anu kwalitasna handap pisan, boa teuing ku lini 3 skala richter ge 
runtuh, loba keneh rahayat nu teu bisa nyicil. Model nu make keller mah keun we 
sina dimimitian ku kedong nu gede sarupaning mall jeung hotel.
Tibatan nungguan waragadna cukup keur nyieun imah nu layak/manusiawi, nungguan 
waragadna lila, mangtaun taun, mending ge cukupkeun waragad nu aya, prak nyieun 
imah atawa kuriak, buru buru cicingan. Da kaperluan keu sare mah sarua jeung 
dahar, kaperluan "primer" tea, teu bisa diengke engke.   
 
Ngan loba oge nu kaleuleuwihi, loba vila jeung gedong sigrong nu ngan ukur 
dicicingan ku pembantu. Timana duitna nya? Sigana mun aya peraturan pamarentah 
"imah nu teu dicicingan sesuai jeung gedena eta imah, kudu mayar pajak PBB tilu 
kali lipat", sigana jelema bakal mikir heula saacana ngabangun. Nukieu nu 
disebut pemborosan, coba mun duitna diinfestkeun keur memberdayakan 
rahayat nyiptakeun lapangan kerja.
 
Salam
Kang Trias        


Dian Nugraha <dian.nugraha@ gmail.com> wrote:
Meungpeung nuju ngabahas perkawis paimahan.

Urang Jerman pami ngadamel imah teh sok dikali heula pikeun rohangan handap 
taneuh (cellar). Umumna dipake salaku gudang. Mun di jaman perang mah janten 
tempat panyumputan.

Ari di urang naha asa kurang ilahar nya imah model kieu teh?
Padahal sacara tata ruang mah langkung efisien, margi aya rohang/lante tambihan 
tanpa ti luar katingal jangkung teuing.

Aya soteh cellar/basement di patokoan + hotel.

Wassalaam,
Dian.



2008/6/10 tantan hermansah <sariak.layung@ gmail.com>:

MJ, 
mana gambarna, sakalian sugan bisa rek ditiron...hehehe

jadi inget. Ngobrol jurus tiron eta disumangetan ku mantan rektor ITB, Prof I. 
Alisyabana.
Alhamdulillah jadi wawuh sareng anjeuna. Malah mun ka BUmina di Ciumbuleuit, 
kuring eumindeng dipapatahan (pasna mah dicarekan da bari ngagebragan meja) 
ngenaan lobana timuan bangsa ieu anu akhirna teu bisa dipake. Ceuk anjeuna, 
mening keneh niron bae. Jelas geus kaujina. 

Salah sahiji produk niron nyaeta SKSD. Anjeuna niron eta ti MIT make copy leave 
movement, lain copy right. 
'Hatur nuhun Mang J, 

Tantan

On Tue, Jun 10, 2008 at 2:20 PM, mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> wrote:

Kuriak teh sigana moal nepi ka anggeusna pisan euy, dua lantey. Padahal geus 
kacipta di loteng, si kuring boga rohangan sorangan pikeun udud, ngeutik, 
ngalukis, jsb, teu nganggu nu boga imah, indung budaks. Sabab waragadna 
estuning tekors. Heuheu. Diupayakeun sangkan murah ge hese. Sabab can wani, 
cenah besi tulangan beton bisa diganti ku awi. Tapi can wani make. Beusi beton 
naek. Sagala rupa naek. Nuhun we ka juragan sby, bersama kita bisa, bisa naon 
nya? Heuheu. Bisa nyieun imah sapotong, bari hutang salaput hulu. Heuheu. Ari 
awak mah teu ngabegangan, anggeur we 65kg. Ngan huis nambah. Sigana pedah eusi 
sirah tara dipake. heuheu.
 
Model imah si kuring teh biasa wae kitu. da ari imah mah nu penting jerona. 
Sanajan sok aya nu ngaliwat hiji imah sok nyebut, "imah teh alus euy!"
Eta mah kesan visual tea. Teu beda jeung nenjo lukisan atawa istri nu geulis 
meureun. Heuheu. Padahal ari nu ngaran imah atawa wangunan mah, alus teu alus, 
aya di jerona, enya, pangalaman make atawa ngeusian imah. Ngeunah henteuna. 
Sanajan tangtuna pikeun urang mah unsur adaptasi jeung paktor kabiasaan teh 
kacida kuatna. Imah atawa rohangan kumaha oge bisa ngeunaheuna atawa 
dingeungeunah. Enya kudu kitu, sangkan hirup bisa tetep sugema. Aya sikap 
permisif atawa ngamaklum, narima kaayaan atawa kanyataan. 
 
Gagasanana jerona mah ti model kampung. Maksudna, aya jalan satapak jeung aya 
paimahan. Rohangan boga gang atawa salasar/koridor. Ideu ieu teu orisinal 
tangtuna. Rohangan nu siga gang atawa jalan satapak dipisahkeun ti rohangan2 
sejen, keur mah lebarna 8 meter, jadi dibagi we 3 2 3. 3 pikeun rohangan2 
fungsional, siga ruang tamu, kamer sare (enggon), 2 minangka jalan satapakna, 
di tengah. Jadi pikeun lalu lintas teu nyoceng rohangan sejen. 
 
Biasana rohangan imah karasa heurin, salian ti milih parabotna nu teu cocog 
jeung gedena rohangan, cara imah tipe 36 atawa ruang tamu 3 x 3 make parabot 
mebel nu full ukiran, tangtu bakal jadi heurin tah rohangan teh. Salian ku 
parabot kitu nu biasana garendut, oge ku ayana ukiran, tetenjoan atawa 
deudeuleuan (visual) jadi pinuh. Heuheu. 
 
oge alatan rohangan pikeun sirkulasi manusa atawa lalar liwat pangeusi sok 
digabung jeung rohangan2 fungsional (nya siga ruang tamu sawareh dipake pikeun 
lalar liwat ti panto asup ka jero, jsb). Mun digabung kitu, rohangan kudu 
dileuwihan cenah mah minimal 20%. 


 


      

Kirim email ke