(III) SASAKA SAKAWAYANA:
SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA EUY? DIMANA SASAKANA?
Eddy Nugraha
IV
Sabab teu cukup ukur ku bukti ulikan nu ngan ukur dumasar kana tulisan sastra
(kawas buku “Sangkakala pajajaran” (H. Setia Hidayat & N. Syamsuddin Ch. Haesy
numutkeun Ajip Rosidi). Komo nu diluhurmah ukur tina papatet nu pondok
(saeutik), dina ieu bagian urang buka lalangse sabagian ulikan sunda ngeunaan
ka-sakawayana-an.
Dihandap ieu, mimitina rek ditepikeun, panganteur ayana ulikan kasakawayanaan
di sunda ti babaheula nepikeun ka ayeuna kawariskeun ku cara make warna
post-positivis. Dibagian ahirna insya alllah kailo yen ayana ieu ulikan
bisa oge kadongkang dumasar wanda empirik kaom positivis.
Dina hal elmu/realm ulikan kasundaan, kecap sakawayana aya dina tiap
bacaan/du’a/’trigger’ kapribadian ngeunaan tangtungan kasundaan, diantarana wae
: Sahadat sunda, Kasumedangan, Karatu adilan ti gunung sunda.
Trigger-trigger ulikan dihandap ieu teu disalin lengkep (punten dihapus
sabagian) sabab katimbang lengkepna mah ngan ukur perlu pakeun partisipant
observer.
1. Sahadat Sunda,
…………..
………….
…………. ya isun saseuweu sasaka sakawayana… satunggal….
………. jst
Ngeunaan sahadat sunda, jeung sahadat-sahadat lain (aya waktu jaman mimiti
asupna islam di tatar sunda)- nu poko sahadat galuh, cirebon, banten, sancang,
pajajaran, sahadat siliwangi - mangrupakeun metoda/teknik dina ulikan
kapribadian nu nga-trigger - make artikulasi rajah-rajah pasword- rincikan rasa
supaya mampuh nyaksi, ngabuktikeun, nyahadahkeun, ngalahirkeun, nganyatakeun
lahir batin jiwa raga ayana hiji ‘tapak/memori/ upload program baheula dina
clipboard kitab dunya supaya ka dowload nepikeun ka sah dat na kalawan enya
lain saukur euceuk da ka install dina komputer jiwa raga sorangan.
Formulasi-formulasi ‘sahadat’ ieu masih aya dipake kaayeunakeun pakeun
ngagampangkeun dina ngalelempeng proses browsing koordinat (alamat) eta upload
program dina kitabin mubin. Ayana warna sahadat ieu -banten, cirebon,
sancang, pajajaran, siliwangi - pakeun metakeun jeung mere ‘benang merah’,
mainstream tangtungan kasundaan harita (baheula) ku mimiti diaranggona jalan
(sareat) Sang Rahmatan lil alamin di tatar sunda ngalangkungan inovator anu
mulya Kean Santang Gagak Lumayung Sang Garantang Setra. Supaya seuweu siwi teu
kapalingan deuleu dina aslamtu.
Update rajah trigger jiwa eta ku cara payungna nganggo bismillah dipasieup ku
sahadat rasul ari detail rincikan trigger rasana nganggo kecap kecap sunda asal
(leuwih jelasna (atawa leuwih teu jelasna he..he..) tingali tulisan: sahadat
kami: nyahadatan saha? Naha enya jadi sahadat?)
Dina ieu ‘sahadat’ sunda, seuweu sunda angger diajarkeun ka-sakawayana-an.
pakeun bisa memener tangtungan yen salaku pribadi –saha wae- rumasa saseuweu
(nu sing mampuh) JADI tihang sakawayana. Nyukupan ngauban kabutuh kabetah hirup
hurip sa mahina sacukupna nu dimimitian ku nyaho ukuran kawayana sakawayana.
Lain ari di sareat sang khataman Nabiyyin sareng nabi-nabi sateuacana ge
ngajarkeun umatna teh sing boga sifat Rabbaniyah (ka Allahan) jadi
Rabbaniyyun?..lai ari akhlak teh kudu nurutan Allah? Ari Allah teh lain sasaka
nu nyakupan ngauban kawaya mahluk satungkebing langit satangkaraking jagat?…
jadi lamun diajarkeun supaya jadi sasaka sakawayana teh lain sarua diajarkeun….
supaya boga sifat rabbaniyah? Supaya boga akhlak sepertos nu diwulangkeun ku
Kangjeng Nabi saw? (tingal, Islama dan Peradaban, Dr. NUrcholish
Madjid)He..he.he masih keneh boga sifat hanif kawas Sang Khalililullah Ibrahim
daek nyungsang nyungsang tangtung make metoda luluhur supaya leuwih bisa
merenah nangtung nempatkeun karabbaniyyahan??
Meureun ari sa kabutuhna mah moal kadedemes keleuleuwihi. Sakabetahna mah moal
asa hirup kapaksa. Hirup teu asa ngumbara da di bali geusan ngajadi di banjar
karang pamidangan sorangan nu sorangan keur sorangan mawa jeung bawa sorangan.
Rek nanonan sirik kabita ku kaboga batur da masing masing ge boga kawayana
sorangan moal bisa injeuman bagja…jrrd…jrrd…(klise lamun dituluykeun).
Pek telek jeung tetek dimana deui di islam nu ngajarkeun ka-sakawayana-an lebah
lebahna???