Hahahahah... singhoreng nu nyumput teh nalungtik rerencepan... Muhun nya, Kang... Nu eces, nu jadi motor di Kisunda teh -- saayeunaeun mah ku ayana Si Ambu Richa! Atuh da ieu mah sepuh2 ge capetangna teu eleh ku pun anak nu kakara rek nincak umur 2 taun... Hihihih... Nuhun, Ambu... Kasumpingan Ambu tos ngahudangkeun sumanget para 'milisi' kisunda.
Anapon di urangsunda (Ambu geura ngiringan atuh... [EMAIL PROTECTED]), sigana rada beakeun tanaga. Stamina turun, najam ambekan mah ngahegak keneh... heuheu... Masalah anu katempo mah di antarana ku jarangna para 'senior' sumping ka milis. MJ rada jarang, Kang SR kalah tilem, Ua Sas ngasah wae golok... Katambah deuih, tina watek anu katiten ti baheula, isu2 di urangsunda mah relatif aktual. Alus sih, tapi mun geus ninggang hal2 anu sensitif, sok jadi paranas tiris... Mangga ah, diparaju kainyah... Sakalian ngabejaan bulu kumuut, poe saptu ayeuna di Unpad Dipati Ukur bade aya pamasrahan Hadiah Sastra Rancage & Hadiah Samsudi. Lian ti seremonial, acara ieu sok dieuyeuban ku rupa2 pintonan seni Sunda. Bilih bae bade sarumping, acarana dikawitan tabuh 9.30. Urang deugdeug geura... On Thu, Jun 12, 2008 at 8:39 AM, Eddy Nugraha wrote: > asssalamualaikum > > Saparantos kirang langkung 7 tahunan nembe kisunda ngalangkungan urang > sunda (dina jumlah surelek nu kakintun keun ka tiap-tiap milis). kisunda 984 > urang sunda 939. di kisunda mah ieu teh 'the highest record" saatos 7 > taunan. > > kanggo kisunda ieu kamajuan, tangtos ieu nunjukeun hiji "geliat" anyar nu > pikabungaheun. > > Kanggo urang sunda tangtos kedah janten emutan naha nyirorot - sok sanaos > ngan dina etangan bulan. >

