Assalamualaikum Yth palawargi di KUSNET Hapunten tos rada lami yeh teu aktive, maklum sok seer anu sanes ngaganggu. Kumaha daramang? Liburan sasasih di Garut, mani regreg. eta kuseerna wisatawan lokal anu dongkap ka tempat wisata di garut. Tiap restoran parinuh komo cibiuk enggal sareng pujasega mah pinuh bae. Di panglinggihan oge di situ cangkuang, tamu teh mani seer. Alhamdulillah Rumah makan gagaduhan oge nyaeta SARI COBEK CANDI CANGKUANG TEA kabagean rizki kuayana liburan ieu teh. Tah ka para KUSNETER anu bade tamasya ka arah garut, mangga di antos di situ cangkuang. Bade Bewara bae lah sakantenan. Simkuring teh gaduh menu aneka ragam masakan bumbu cobek sareng menu sanesna khas sunda cangkuang. Anu tos kajojo mah Cobek Gurame, Cobek Kangkung, Cobek Genjer, Cobek Hayam. Sareng sajabina. Saur tamu anu tos ngaraosan Rasana teu aya di rumah makan sanes, Raos pisan ieun teh saur tamu. Kapasitas cekap kanggo rombongan 150 dugi ka 200. Hargi pangmirahna sagarutnah. Kabersihan dijamin Rasa masakan khas cangkuang. Fasilitas: Saung lesehan 6 ageng sareng alit, tempat tuang dipayun dua ruangan, balong kanggo mancing, mushola, parkir lega da milik pemda. Oleh: Burayot, Awug, Opak berem belem Badag. aya oge cendera mata tina akarwangi.. Alamat di parkir situ cangkuang leles garut. Telp. 0262 455557, 081320228343. Upami Kusneter tuang di Sari Cobek, wartoskeun bae kenal sareng simkurung meh aya diskonan. Ari simkuring mah ayeuna teh nuju kuli deui ka urang arab di doha. Sok atuh bilih aya anu hoyong damel di dieu sareng simkuring. Sakitu heula nya Wassalam Solihat Doha Qatar

