Ieu cerpen meunang Iday, kungsi dimuat di Cupumanik. Idayna sorangan kungsi jadi pingpinan pausahaan Cupumanik, ayeuna
Pindah gawe ka Kalimantan, di widang tambang Sanggeus rinéh, "Iday, silaing inget kénéh waktu nganteur déwék néangan roko ka Cicadas téa?" "Tangtu baé atuh. Naha kumaha kitu?" "Apan omongan tukang béca anu keur maén gapléh téa jadi judul lagu kokojo keur albeum déwék anu panganyarna, " témbalna semu agul bari gasongkeun CD anu weuteuh kénéh. Barang maca judul lagu kokojo anu dicitak dina bungkus CD, cakakak kuring seuri ngeunah pisan. Atuda kuring ogé milu ngadéngé, atra pisan tukang béca téh ngomong, "Najis, aing mah!... balak kosong!" Naha atuh ari dina judul lagu bet jadi robah kieu? Teuing Jon Bon Jovi anu ceuli léntaheun atawa pédah nulisna maké basa nggris lentong New Jersey. Nu sidik, dina éta CD téh ngajeblag ulisan anu unina, "Best cut: This ain't a Love Song." . Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com <http://www.incredimail.com/index.asp?id=101219> Free Animations for your email - By IncrediMail! Click Here! _____ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! <http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http:/id.answers.yahoo.com/> Answers

