1. hahaha... enya meureun kitu mang, kuring jadi salah harti yen eta
teh 2 jejer :D

2. ih naha bet sedih mang? sedih mah henteu atuh mang, ngan "rada
geregetz" weh atuh, saeutik heuheu... ari waktu mah memang lila keneh,
tapi da masalah tempat mah meureun kudu ti anggalna keneh booking.
contona jiga di jatiluhur, da moal bisa "walk in guess" dina poe
saptu/ahad mah, tos kaalaman harita ge kudu booking ti anggalna keneh
basa rek ngayakeun acara kantor. digarap mah tetep digarap, da urusan
teknis mah teu dialungkeun ka kusnet, cukup dijabrig-keun ka masing2
panata calagra.

ari nu dipenta ti baraya mah, iwal ti kira2 kahayang mayoritas teh
kumaha? boh dina masalah tempat, boh dina masalah format acara, oge
meureun masalah waktuna
pan cenah aya nu hayang bari ngendong, aya oge nu wegah. 
tina hiji masalah eta oge pasti pengaruh kana naon anu perlu disiapkeun
tah nu jiga kitu nu teu acan puguh teh. 
matak panata calagra encan bisa but bet kaditu kadieu teh rek ningali
heula kira2 kahayang umumna baraya teh naon.

ari pamikiran kuring mah, ieu teh pan acara ti anggota jang anggota,
aya alusna mun masing2 anggota mere kontribusi dana, sabaraha wae oge
teu masalah. leuwih alus deui, anggota nu teu datang oge aya kontribusina.
tapi eta mah karek pamikiran kuring, sementara di rengrengan panata
calagra teu acan jadi masalah, artina bisa disingkahkeun heula ari
masalah dana mah, bisa dipikiran engke

naon deui nya?? mangga nu sanesna nambihan atuh, ulah aluman alimen
kitu, utamina ka kangBadru, tehImaz, kangIkmal, mangYani :D

mangga

--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Postingan si kuring aya dua jejer ngan disajudulkeun ngarah praktis
> 1. heup soal padungdengan agama-geus loba dulurs nu ngarasa weureu. 
> 
> 2. soal HBH terus da eta mah acara rutin taunan kusnet. Nu geus lila mah
> geus papada apal. Ulah pedah teu aya nu ngarespon,jadi sedih. Ngan
meureun
> sawareh ngarasa waktuna lila keneh. Tapi nya terus we garap. Tapi
geus siap
> mah sagala rupana, nya pilihan tempat, jsb. mangga umumkeun., kaasup
saha nu
> rek milu, kudu daptar. Naha aya bedana jeung nu kamari? Misalna,nu
ayeuna,
> nu rek milu kudu mayar sakitu, jrrd.
>


Kirim email ke