Kamari di acara penyerahan hadiah Rancage di aula sanusi hardjadinata unpad, panggih jeung Bapa Samin, urang Baduy Cikadu nu diondang datang ku kang Hawe sangkan muka stand, ngajar jeung stand buku.
Bapa Samin ngora keneh, acan jigo, tapi geus kawin oge boga budak hiji, ngarana Samin. Ari Cikadu, ayana rada deukeut ka Cibeo, salah satilu kampung Baduy Jero, baduy Tangtu tea. Kusabab masih deukeut ka baduy jero, nya dina konsep kampung teh disebutna buruan kolot. Hartina atawa konsekuensina, masih kudu keukeuh nyekel adat. Mun di Ciranji, baduy luar nu geus deukeut ka Nangerang, nu kaliwatan jalan aspal ka Parigi atawa Gunungkancana, geus kaci lampu make minyak tanah, di Cikadu mah teu meunang keneh. kudu ku minyak kalapa.

