Masagi
Ku Mang Jamal
Alam dunya nu éndah ieu dicipta ku Pangeran. Kusabab diciptana ku Pangéran,
tangtu rupa atawa wanguna hadé jeung sampurna. Kasampurnaan alam ieu sok
dipaké pikeun siloka kaasup dina babasan jeung paribasa. Karancagéan kolot
baheula enggoning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan hirup jeung
kahirupan, salah sahijina dina wangun babasan jeung paribasa, sawaréh
dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam éta. Model atawa rupa
suhunan imah vernakular di Tatar Sunda make conto alam, boh manuk boh
mangrupa sato. Diantarana ranggon ti manuk ranggon; julang ngapak, badak
heuay, tagog atawa jogo anjing, jeung galudra ngupuk.
Cara niru ka alam oge aya dina ngagambarkeun kageulisan hiji
wanoja, ditataan maké rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jentre:
angkeut endog sapotong, ramo pucuk eurihan, lambéy jeruk sapasi, halis
ngejelér paéh, cangkéng lenggik nanding papanting, taar teja mentrangan,
damis kuwung-kuwungan, bitis héjo carulang, jst. Jadi kageulisan atawa
kaendahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam. Malah sangkan
leuwih afdol, simbol tina rupa alam dijentrekeun jeung kaayaananana pikeun
mastikeun nu dimaksud kalayan sampurna. Saperti dina ngagambarkeun gado, nu
geulis mah disebutna oge angkeut, nu hade diibaratkeun ku rupa endog tapi
kudu sapotong. halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna
hirup mah duka kumaha rupa halis teh. Jadi sangkan ngajepatna hade, teu usik
teu malik luhureun panon, nya dipaehan heula tah si jeler teh!
Eusi babasan jeung paribasa diantarana ajaran moral atawa etika
nu oge bisa disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna mangrupa
siloka atawa perlambang nu ngandung harti jero bari dirangkéy ku basa nu
ringkes, jadi gampang ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna oge
jaga, teu keuna ku waktu kadaluwarsa da teu make bahan tambahan siga
formalin.
Mun urang bingung kudu kumaha gaul boh jeung papada manusa atawa
jeung mahluk liana, aya jurusna, diantarana kudu hade gogog hade tagog
-siloka maké sipat kaayaan sampurna sato nu aya di alam. Pihartieunana,
hirup kudu hade dina nyarita oge dina tingkah laku, ucapan jeung kalakuan
kudu sarua alusna.
Sababaraha babasan atawa paribasa make kecap injeuman tina rupa
atawa wangun, nyaeta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina
dina babasan hirup kudu masagi. Naon sababna prak-prakan hirup nu hade
diibaratkeun kana rupa pasagi? Masagi téh kecap gawé ti kecap
kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut pasagi nyaeta rupa kotak rupa nu
dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua.
Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna dina kanyataanana Biasana dilarapkeun
utamana dina perkara ngalakonan urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung
darigama tea. Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa
widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu
dilakukeun kalayan saimbang. Cara urang hirup ayeuna di dunya, salian ti
kudu mikirkeun kaperluan hirup di dunya, oge kudu kukumpul amal-ibadah
pikeun bekel engké jaga di aherat. Ogé yén urang kudu sagala bisa atawa
mahér sagala rupa, sabab hirup teh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna
nu urang kudu bisa sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara
alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijadikeun conto kumaha hirup kudu
dilakonan. Sipatna tindakan atawa kalakuan.
Duka kumaha sasakalana, pasagi éta dina basa Indonesia mah maké
mamawa bujur sagala, enya, bujur sangkar tea. Sigana sangkar teh ti basa
Minang pikeun pasagi, da di Sumatera Kulon aya lembur ngarana Batusangkar,
pastina di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap
sangkar éta tuluy dipaké oge pikeun rorompok manuk dina basa nasional,
sanajan rupana geus teu pasagi deui.
Rupa pasagi teu pati jentré ayana di alam. Dina ayana oge sigana
ngan ukur ngaharib-harib, teu saklek rupa pasagi. Da ongkoh rupa pasagi mah
dijieun ti opat sisi nu tiap juruna kudu nyékon -kecap ti parabot tukang
bas, pasékon- nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa. Rupa
pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi,
diantarana nyaéta bésék, pipiti, suku boboko, hihid jeung sajabana. Rupa
pasagi nu kawentar kamana-mendi utamana pikeun muslim sabab sok di datangan
ari naik haji tangtu Kabah di Mekah. Ceuk si cenah, harti Kabah atawa
kufah teh cenah pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib ka rupa kotak
disebut kufah atawa kufik.
Salian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan
nyaéta buleud. Cara dina kalimah Niat kudu buleud. Rupa buleud teh dijieun
tina garis nu tungtungna panggih, bari jarak ti tengah ka unggal sisi sarua.
Dina Matématika mah istilah na jari-jari atawa r, tina radian atawa
radius téa. Niat urusanana jeung sikep yakin, patali ogé jeung sikep méntal.
Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis buleud.
Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. Diantarana
panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik dina balong mun urang nyemplungkeun
batu, daun taraté, jsb. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud
dipaké pikeun rupa tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsb.
Rupa buleud sok dipake perlambang kasampurnaan nu sipatna
ideologis kaasup tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna
buleud dipaké pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung
sorabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun
béntang. Panonpoe dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam -sangkan teu
pahili jeung rupa buleud séjéna- ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi
buleudan nu hartina cahaya. Lambang bendera Jepang buleud beureum,
nyimbolkeun panonpoe isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni
lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina
pulitik (nipu rahayat leutik) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji
partey atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon.
Rupa séjén nyaéta nyungcung. Cara dina kecap ka balé
nyungcung siloka pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung ieu
babasan pikeun tempat suci atawa sakral utamana masigit. Sigana baheula akad
nikah umumna dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci
jeung ari nikah teh apan upacara suci ogé. Suhunan masigit baheula umumna
maké suhunan model tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasana
segitilu lobana opat nu dipasangkeun condong pahareup-hareup, ngawangun rupa
limas. Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi katémbong ti hiji
sisi mah segitilu. Jadi istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun
tina opat segitilu. Dina suhunan, segitilu ieu dua sisina nu tangtung sarua
panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna. Beh dieu, suhunan
masjid aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana belenong.
Sanajan sabenerna mah rupa kubah ieu ogé dijadikeun suhunan katédral cara di
Italia ogé Russia.
Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona gunung
Cikuray di Garut, siga pisan segitilu: dua sisi condong panggih di puncak,
nu hiji mah ngadapang dina taneuh. Dua sisi nu condong éta nyiptakeun rupa
nyungcung nu nunjuk ka langit dihartikeun nuju ka Pangéran. Jadi kaharti
mun ku karuhun gunung dianggap suci atawa sakral, salian ti tempat bijilna
cai pikeun kahirupan, oge dipaké pikeun tempat muja, tempat karamat, makam
atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah tea.
Kusabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Firaun nyieun
gugunungan badag nu disebut piramid tea nu umumna dipake pikeun nyimpen
jasadna.
Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya ieu loba pisan jeung moal
kaitung. Ku manusa modéren kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana
tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Eta tilu rupa dasar
dipaké dina élmu Matematika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa.
Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa
di urang cara conto di luhur. Tapi dina henteuna aya patali marga, bisa jadi
sarua dina inditna: sarua nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar
kana kasampurnaan alam jieunan Pangéran. Nu jelas, masing-masing rupa éta
sanajan dina wanda nu béda tapi sarua ngandung pihartieun kaayaan sampurna
atawa suci. Pasagi pikeun ngagambarkeun kalakuan nu sampurna, buleud pikeun
tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna dina
harti suci atawa sakral.
Mang Jamal
Keur nalungtik éstetika Sunda dina artéfak budaya padumukan.
(dimuat di Cupumanik bulan Maret 2008)