Enya, endonesia baheula kawentar ku ayana presiden Sukarno nu jagoan, gede
komara (karismatik). Ari di walanda aya ngaran2 pulo di urang mah tangtu
patali jeung nagara urut jajahan, pikeun panineungan. Heuheu. Cek kang Yaya
Rukayadi, indonesia jeung brazil loba saruana, sabab sarua aya di wilayah
tropis, kaanekaragaman hayati (biodiversity), brazil kahiji, indonesia ka
dua. 

 

Eh, kang Trias, cek cenah, di Brazil mah bahan bakar mobil teh alkohol, enya
kitu?

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of trias santosa
Sent: 17 Juni 2008 2:28
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] ngaran jalan bule di bdg

 


Kang J. abdi kantos ngaraos heran, di Sao Jose dos Campos 200 km wetaneun
Sao Paulo Brasil aya ngaran jalan ngaran pulo di Indonesia nyaeta rue
Sumatra, rue Java jeung rue Mindanao (rue = jalan sedeng cukup dua mobil).
Duka kumaha sejarahna bet bisa diabadikeun di Brasil di kota nu pendudukna
ngan 500rebu jelema. Eta kitu pedah almarhum presiden Soekarno beheulana
nyobat jeng presiden Brasil (duka saha)? jadi nu mere ngaran jalan ge
meureunan Soekarno atawa sahenteuna Indonesia dikenal oge di Brasil nu
secara geografis mah jauhna mela melu.... Heueuh baheula terkenal soteh basa
Soekarno jumeneng keneh, terkenal ku Konferensi AA-na, da ayeuna mah boro
boro, nuju prihatin ku krisis ekonomi jeung krisis pollitik. 

 

Salam,

kang Trias

  

 

 

 


 

Kirim email ke