"Assalamu'alaikuum..."
"Wa'alikum salaaam, saha ?"
"kuring ma, kabayan."
"euleuh-euleuh kawas budak wae make jeung kababayan sagala. Barina oge lamun
kababayan mah lain ka imah ema atuh, kaditu tuh ka pacilingan"
"eeh aing mah nini-nini teh, sok saliwang, lain kababayan atuh ma, ieu
kuring semah, ngaran kuring Kabayan"
"Ieuuhh, heu heu heu, ari pangdenge teh kababayan. hampura sujang. hiyap
atuh ka jero"
"Lah moal lila barina oge ma, Kuring teh rek neang ema. Itu pamajikan
kuring, nyi Iteung, beuteungna geus karasa, cangkeng rocop cenah. sigana mah
rek  ngajuru. Ema kudu ka iringkeun ku kuring ayeuna keneh."
" Euh pamajikan si ujang rek ngajuru nyah. ke keheula atuh, ema rek nyokot
parabot ema heula. sok diuk heula atuh kadinyah."
"Nuhun ma"

Wanci harita maju ka tengah peuting, si Kabayan anu  kakara sabulan
nyicingan imahna di  Babakan Linux, ayeuna ka pentes kudu neang ma Eha,
indung beurang anu imahna peuntaseun wahangan TiCiPi aIPi. Memang basa
pindahan ti Bojong Windows teh, Nyi Iteung, pamajikan si Kabayan, keur gede
beuteung.

Sanggeus sagalarupana tarapti, bral weh ma Eha di iringkeun ku Si Kabayan,
arindit ka Imah na Kabayan.

Nepi ka imah, kasampak nyi Iteung geus ngagoler dina dipan di enggon bari
pupuringisan. Ningali kitu, si Kabayan jadi geumpeur, ari ma Eha mah
tenang-tenang we, da geus pacabakannana ngurusanan anu rek ngajuru. Samalah
sadatangna ka imah teh, ma Eha nitah si Kabayan naheur cai jeung minuhan bak
di tampian, terus mawa cai kana baskom. Si Kabayan oge teu talangke,
langsung ngalaksanakeun pamenta si nini paraji tea.

Sawatara waktu kaliwat, sanggeus nyi iteung meres tanaga bari di aping ku ma
Eha, koceak kadenge sora ceurikna orok anu mimiti ngagelar ka alam dunya. Si
Kabayan anu nungguan di tepas bari teu geunah cicing jadi curinghak,
gura-giru manehna ka enggon.

"Kumaha ma ?" si kabayan nanya tina luar hordeng anu nutupan panto enggon.
"alhamdulillah sujang, salamet indungna salamet anakna. lancar lungsur
langsar. Lalaki budakna teh, meni tegep kieu. hiap kadieu, geura adanan
ceuli orok yeuh".

"Heug," si kabayan ngajawab singket bari asup ka jero enggon.

Ma Eha meni parigel ngurusanan orok jeung indungna.  Da memang pagawean kitu
mah geus kacoo ku  manehna salila puluhan taun jadi paraji.

Ku si Kabayan, anak lalakina teh dingaranan Kucrit Persihiji.



****  euleuhh waktosna seep, ke urang lajeungkeun deui dina waktos sareng
gelombang anu sakainget
he..he..he..

Kirim email ke