hade mang... alus pisan... ulah mang mang ulah sieun sok sanos kasar sanos
lepat
nu penting boga niat hayang ngaronjatkeun kasundaan
nya salah sahiji carana ku berbasa sunda
eta tuang bojo sareng incu tos diajeukrun punten mangga mah..
nya paling hanteu "alim ah" kudu bisa lah...
he he he


On Sun, Jun 22, 2008 at 6:08 PM, mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Para wargi Milis sadaya nu ku sim kuring dipihormat.
>
> Kasanggakeun ieu hiji artikel wiwitan pribados nu ngahaja nganggo
> basa Sunda. Hapunten anu kasuhun, malahmandar seueur lepatna,
> tetebiheun atuh kana sae mah. Pamugi ulah janten pamoyokan atanapi
> seungseurikeuneun. Ieu mah sakadar nembongkeun kabodoan pribados we,
> nu hoyong ulubiung tulas tulis dina basa Sunda, basa indung urang
> sadaya.
>
> Parantos lami pisan sim kuring ngagabung di Milis Sunda. Salami eta
> pribados tacan kantos ngintunkeun artikel dina basa Sunda. Salawasna
> nganggo basa Indonesia bae. Sanes teu hoyong sumerat dina basa
> Sunda, namung dalah dikumaha da katiasa pribados kalintang
> waluratna. Oge ngarumaoskeun kana kabodoan pribados dina nganggo
> basa Sunda, boh dina cumarios angot upami dina serat sinerat mah.
>
> Rupina mah parantos janten kabiasaan urang Sunda turunan Tionghoa,
> dina ngalarapkeun basa Sunda teh rada kalasar. Da kitu lazimna ti
> keur wanci budak keneh. Sanes bae taya guruna, namung da nyaeta
> kapangaruhan ku pagaulan sinareng lingkungan sadidinten. Taya pisan
> ngagunakaeun basa lemes. Tetebiheun nu sae tur leres dina undak
> usukna basa Sunda mah. Dalah saujratna sinareng alamiah teh leres
> pisan. Nu penting mah asal kahartos we cenah. Geuning saur basa
> kunona mah: As far as understanable is Okey noch?
>
> Tos janten kabiasaan pikeun wargi-wargi katurunan Tionghoa mah,
> upami cumarios sareng pajabat oge kapaksa nganggo basa Indonesia
> wae, bilih seueur lepatna saupami nganggo basa Sunda. Nu tangtosna
> mah, oge rada amburadul. Bilih dianggap teu sopan atanapi culangung.
> Dugi ka kiwari, eta pisan nu ngajantenkeun alesan pribados lingsem
> sinareng ngaraos ham-ham serat sinerat dina basa Sunda kanggo Milis
> teh.
>
> Maksad pribados nu utami ngagabung di Milis Sunda the, taya sanes
> dalah pribados kalintang hoyongna neuleuman langkung paos budaya
> Sunda kalebet bahasana. Pribados teh dilahirkeun di Bandung tahun
> 1942. Salami 40 tahun ngalalana sinareng lami dumuk di Eropah. Dugi
> ka kiwari padumukan teh di Belanda. Alhamdulillah kenging bojo ge
> urang Walanda. Malih incu ge tos ngagaduhan tujuh.
>
> Di Belanda mah kalintang sesahna milarian pigurueun, nu tiasa
> ngawulang pribados bahasa sinareng budaya Sunda. Nanging kaleresan
> we aya kisobat ti Bandung wasta Rochajat Harun. Asli urang Garut
> pasisian. Saurnah sayogi janten guru pribados dina online internet.
> Sanaos mantenna mah kantos cumarios rada wegah, ngarumaoskeun teu
> wasa jalaran seueur kakirang. Katambih-tambih yuswa tos cueut
> kahareup, ninggang di 67 tahun jalan.
>
> Pamungkas, kapayun mah tinangtos pribados bade teras nyobian serat-
> sinerat midamel artikel kanggo Milis Sunda teh bade nganggo basa
> Sunda wae. Kumawantun, etang-etang diajar. Pan sanggem basa kuno oge
> cenah: Learning by Doing. Sanes kitu lur ?
>
> Rampes,
> Baktos sim kuring,
> Mang Ucup
> Email: [EMAIL PROTECTED] <mang.ucup%40gmail.com>
> Homepage: www.mangucup.net
>
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.net

Kirim email ke