Kang Asep natangga jeung Mas Peno, tapi acan lila. Hiji waktu Kang Asep jeung Mas Peno keur ngobrol, kadenge aya hayam jago disada, sorana mani alus jeung panjang. ngadenge sora hayam nu sakitu alusna, ceuli Kang Asep jeung Mas Peno mani rancung.
"Bagus benar suara ayam itu, kukururyuk.. ..", ceuk Mas Peno nurutan sora hayam. "Hah ....???", ceuk Kang Asep kaget, " Moal enya sora hayam nu sakitu hadena, kukuruyuk? eta mah kieu sorana oge kongkorongooook" "Bukan ...kukuruyuk! " "Lain ...kongkorongok! " Kang Asep jeung Mas Peno tungtungna patorong-torong, ampir gelut, untung aya nu misah, Ahlan Dahlan, urang perancis, nu nyebut duanana ge salah, sabab ceuk manehna sora hayam jago mah "COCORICO"! Baktos, WALUYA (Ide tina artikel "kongkorongok & Kukuruyuk", Tempo jeung dongeng kang Tata Nur ti millis sabeulah)

