Dinalika perang baratha yudha, kacaturkeun dua pasukan anu tohaga. Wadiabalad Pandawa ngalawan wadiabalad Kurawa. Patepung dina pakalangan perang, nyatana di tegal kuru setra.
*torok tok tok ...* "Dawala !" "Eueuy..." "Kadieu sakeudeung mere beja.." "Ada apakah gerangan wahai kakanda ?" "Ah sia mah, kawas juragan urang wae ngomong teh, make jeung kukunda kakanda sagala rupa !" "Heuh bae atuh lah, alus lain? ari kitu aya naon?" "Kieu Dawala, ari silaing ningali si Gareng teu? " "Duka teuing, ti isuk-isuk ge teu panggih jeung si eta teh." "Lain, urang teh kapentes ku juragan Kresna, kudu ngakurkeun pasukan pandawa anu ayeuna keur hog hag parasea sorangan, teuing naon masalahna teh. Juragan Kresna mah salempangeun pisan ningali kaayaan kieu teh, ku sabab lamun diantara urang parasea sorangan, boro-boro ngelehkeun musuh nyatana wadiabalad Kurawa. Memeh der perang oge, tanggtu geus leuseuh tanagana, beak dipake pasea jeung dulur sorangan." "Euleuh kutan kitu nya, terus ku kumaha atuh urang teh?" "Urang tiluan, Dewek, silaing jeung si Gareng kudu nepungan anu keur parasea. urang dameykeun." "Apalah daya yang bisa dilakukan oleh seorang Cepot, Dawala dan Gareng wahai kakanda?, maranehna mah jalma palalinter, sakti tur loba pangalaman. Ari urang mah ngan ukur pangkat punakawan, bisa naon atuh ari urang." "Memang lamun dipikir dina palebah dinya mah, memang kitu, urang mah ngan ukur badega, tangtu moal didenge ku maranehna. Tapi dewek percaya ka juragan Kresna, moal samata-mata manehna nitah urang, lamun anjeuna teu yakin urang bakal hasil." "Nya ari kitu mah hayu atuh, urang lahaola we, mudah-mudahan urang meunang pituduh tinu Maha Kawasa."

