> From: Gan Lesmana
> Haturan kanggo baraya lan ki dulur  ..........
> Sumangga sim kuring saparakanca ngantos pisan kana kasumpinganna.

Uluh Gan Les, meunang sababaraha menit mah kuring molohok mata simeuteun, 
eta ningali foto-foto guru SMAN Sumedang. Kuring oge kaajar Pak/ Ibu Guru 
eta. Aya Pa Kosam Sani (Lamun teu lepat mah raina budayawan Saini KM) guru 
Basa Inggris. Ti anjeunna baheula kuring ngalangganan majalah basa Inggris 
"Window Of The World", Aya Pa Iding, guru goniometri (ilmu Ukur Sudut) anu 
kacida galakna, tepi ka batur kuring almarhum Tatat, susumpahan arek nyokot 
jurusan Matematika  IKIP, cenah "balas dendam" kulantaran ku Pa Iding sok 
disetrap wae.  "Balas dendam" Tatat akhirna kalaksanakeun,  jadi guru 
Matematika di SMAN I Bandung, terus jadi Kepsek di hiji SMA di Banten. Ngan 
hanjakal ayeuna geus ngantunkeun ....

Jeung rea deui, komo nempo Pak/Kang Kaswana  mah, guru Basa Indonesia sabab 
eta teh salaki dulur misan kuring, nu ayeuna geus langka papanggih ....

Nuhun Gan Les ....

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke