wa'alaikum salam.. kasalametan oge keur anjeun! heuheu kang waris, ondangan mah karak kamari aya nu ngintun, kang gan lesmana urang subali (sumedang keur di bali wakaka). saurna mangga nu bade ka kgs dina dinten minggu ping 29 juni ditungguan pisan, hayang tepung. di dinya anjeunna bade ngariaankeun putrana nu geus disundatkeun. jigana jalan dewi sartika jeung kartini mah tatanggaan tah... bisa digeang ku gandeuang haha... sanes kitu kang ganles?
eh enya kang waris salam wanoh oge ti kuring. dudi, budak cikal .... oge quasep, matak ngalandi sorangan ku* ua duq*. *ua*-na anak-anak adi si *du*di nu *q*uasep tea haha.... urang sumedang oge, ngan ti pawetanan. ti kacamatan jatinunggal (eks wado), di tutugan gunung balukbuk. ayeuna mah keur kukurubutan di leuweung kawung. keur neangan pajajaran :). ngan kade ulah rewas tuluy pundung... di dieu keur loba nu dor dar parasea!! ua duq cikal lan qasep!... enya calon ua tea On Wed, Jun 25, 2008 at 5:08 PM, waris aditya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > assalamualaikum.wr.wb > > nepangkeun simkuring waris aditya gunawan sering disaur mah adit.. > kawit mah ti sumedang, jl. dewi sartika no 1..saupami ay ondangan ti > milis mangga ka almat ata bae...(meni GR) > no tlp/hp (0261) 203549/ 085220797850 > ayeuna teh nuju kuliah di politeknik negeri bandung(POLBAN) jurusan > akuntansi... > d bandung ngekost d gerlong tengah.. > sim kuring putra ka 1 pasangan Bu Nunung Kartiwi sareng Pa Sudradjat.. :D > > Panginten sakitu wae ti simkuring... > Salam Pangwanoh bae k sadayana wargi milis KUSNET.. > > hatur nuhun.. > > wassalamualaikum wr.wb _,___ -- d-: dudi herlianto :-b ~karék cénah~

