Kuring nitenan tulisan ngeunaan kujang anu dialungkeun ku Mang Jamal seratan ti 
Tedi Permadi sareng Anis Jatisunda. Aya nu rada aneh dina eta tulisan teh.
 
Kuring heunteu rek madungdengkeun eusi tulisan eta, tapi sumber tulisan eta teh 
timana? Hiji tulisan anu utuh, komo deui ieu "menyangkut" hiji masalah anu 
dipedarkeun sakitu jerona, pastina oge aya bahan referensina. Sabab hal ieu teh 
"menyangkut" etika hiji tulisan. Eta cenah salah sahiji sumberna tina "Pantun 
Bogor", pantun bogor nu mana? kaluaran tahun sabaraha? jrrd.
Referensi tulisan bisa jadi hiji ciciren kualitas eusi tulisan, sahih 
jeung validna  hiji tulisan, sarta kualitas anu nulisna.
 
Conto, tulisan perkara angka 13 jeung kasilan poe jumaah, anu dialungkeun ku 
Mang Ucup, data-data anu ngadukung eta tulisan mani sakitu lobana. Tapi barang 
"diadukeun" jeung kanyataan anu ditunjukkeun ku kang Yana, yen angka 13 teh 
dipake pikeun nyirian hiji jalan jeung blok di wewengkon New York, eta 
tulisan katingali wadulna.
 
Bandingkeun jeung tulisan "golok" anu ditulis ku Ua Sasmita. eta tulisan jelas 
meunang ngarangkum tina hasil wawancara jeung sababaraha urang anu boga 
pangaweruh dina "pergolokan". 
 
baktos,
 
mrachmat uidipura


      

Kirim email ke