Ngiringan naros ah*
MJ, kirang K-na (Komputer) = LPKIA.
Asa kaemutan, muhun kinten2 taun 1988, abdi ge sering pisan ngadangu Yusuf 
Randy, pakar komputer jaman harita, kawentar sok aya dina koran ampir unggal 
dinten...tapi aya "kasus" sareng pamarentah, abdi ge he love deui pedah 
nanaonna mah... mung "ngarugelkeun" nagara ceunah. Euleuh, pami leres teh 
atuwh*hmmmm* punten, buron?

ro2

punten tumaros, dupi mang ucup teh saha nami lengkepna? Yusuf Randy tea sanes?
nu kapungkur gaduh LPIA, lembaga pendidikan Indonesia Amerika, kantos kawentar 
pisan. teras
aya masalah sareng hukum, duka naon hilap deui. 


punten tumaros, dupi mang ucup teh saha nami lengkepna? Yusuf Randy tea sanes?
nu kapungkur gaduh LPIA, lembaga pendidikan Indonesia Amerika, kantos kawentar 
pisan. teras
aya masalah sareng hukum, duka naon hilap deui. 

 
On 6/25/08, mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
Sampurasun.
Para wargi sadaya nu ku sim kuring dipikahormat. Unjuk uninga, wasta
pribados teh mang Ucup. Kawit ti Bandung nu kiwari ngumbara di nagri
Belanda, kirang langkung tos 40 tahun langkung. Alhamdulillah umur 
mah tos cueut ka hareup, 66 tahun. Pun bojo asal Semarang. Anak 
sinareng incu mah tos reuay. Isin nyebatkeunana.

Taya sanes pamaksadan teh, sajabina bade silaturachmi, oge aya 
pamundut hoyong ngiring ulubiung, ngareuah-reuah dina kagiatan Milis 
Urang Sunda. Manawi bahan katampi. Pangemut pribados, mudah-mudahan 
teu lepat, Milis Urang Sunda teh mangrupikeun hiji wadah para 
intelektual Sunda nu reueus kagungan perhatosan kana budaya Sunda.

Kukituna, pribados aya maksad bade ngintunkeun naskah ka Milis Sunda 
nganggo basa Sunda. Etang-etang diajar wae. Namung hapunten, 
malahmandar aya basa nu garihal, teu payus kana undak usukna. Sanaos 
ari cumarios sadidinten mah, sareng bojo miwah pun anak, berekah 
pribados teh sok nganggo basa Sunda. Sanaos bari rada amburadul oge.

Hapunten anu kasuhun, kaluhur sausap rambut kahandap sausap dampal, 
malah mandar engke seseratan pribados kapayun, tangtos seueur 
kakirang sareng lepatna. Tetebiheun atuh kana sae sareng leres mah. 
Mugia ngamaklum bae.

Rupina sakitu wae pamundut pribados. Papungkas catur, taya sanes 
hatur nuhunsarebu kali nuhun kana perhatosan sinareng panampianana 
para wargi sadaya di Milis Urang Sunda.

Rampes,
Mang Ucup.
Nu teu weleh nineung kana kasundaan
Email: [EMAIL PROTECTED]
Homepage: www.mangucup.net

Kirim email ke