Nya sing salabar wae kanu lalinggih di pulau jawa, rarasaan abdi mah masih mending amun dibandingkeun sareng di Balikpapan atanapi Samarinda byar pet listrik teh teu sirikna sapoe dua kali....digilir saurna, komo deui sakeudap deui bade aya PON XVII,dijamin bakalan tambih sering tah byar petna teh, matak nyangsarakeun euy.... puguh ge meni heran pisan ieu teh, kurang beunghar kumaha ari kalimantan, walungan gede, tangkal kai loba, minyak jeung gas balatak, komo batubara, hah lieur we, jiga hayam paeh kalaparan dina tumpukan pare....lieur lah....
--- Pada Sab, 28/6/08, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> Topik: [Urang Sunda] Mopoek Kepada: [email protected] Tanggal: Sabtu, 28 Juni, 2008, 9:30 AM Haturan Baraya US kumaha daramang? Mopoek Ku Kebo Hideung Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya #Juni 2008 “Asa balik deui ka jaman baheula nya Mang?” “Ari kitu kunaon Lo?” “Enya we Mang ari geus kabagean pareum listrik asa jaman keur leutik.” “Ohh..sugan teh naon,.. heueuh Lo puguh asa kaingetan, Amang mah baheula boro-boro apal ka ngarana tihang listrik oge.” “Ah piraku atuh Mang tihang-tihang listrik wae teu uninga.” “Bener Lo..da jaman amang mah, jaman cempor atawa damar, sabehdieuna karek aya diesel listrik, eta oge ngan ukur sabaraha jam caangna, da geus jam satengan dua belas mah dipareuman dieselna.” “Enya nya Mang, baheula mah bubuhan geus biasa mopoek teu kaget atawa teu ngarasa sumpek, naha ari ayeuna sakalieun poek listrik tilu jam oge asa eungap, komo pan ayeuna usum nanggap euro.” “Matakna Lo sagala oge kudu dibiasakeun, da mun geus biasa mah moal matak jadi masalah.” “Kunaon atuh nya Mang, PLN teh asa ku ngagilir sagala, jiga anu nyandung wae.” “Cenah mah sumber listrikna teu cukup.” “Teu cukup kumaha ari Amang ?” “Aeh kapanan BBM naek, tah pembangkit tanaga listrik anu ngandelkeun BBM mah ripuh atuh, sedengkeun PLN teu bisa naekeun harga listrik, jadi jalan tengahna nya ngagilir.” “Ohh..kitunya mang?” “Heueuh kitu jigana.” No virus found in this outgoing message. Checked by AVG. Version: 7.5.524 / Virus Database: 270.4.1/1521 - Release Date: 26/06/2008 11:20 No virus found in this outgoing message. Checked by AVG. Version: 7.5.524 / Virus Database: 270.4.1/1521 - Release Date: 26/06/2008 11:20 ___________________________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

