kuring ayeuna keur bubuara di balikpapan, ngontrak imah di komplek PLN, anu wargana kalolobaan karyawan PLN, tapi tetep teu ngaruh, pareum listrik teh dua poe sakali rutin... arek complain ka PLN, asa moal di waro, da karyawan PLN na ge ( tatangga) mun pareum lampu teh hare2 euweuh nu pirajeunan humandeuar.. ngarasula....? mimiti mah ngarasula, tapi ka ayeunakeun mah henteu, lebar cape hate mun ngarasula teh, meureun geus biasa deui, kabeneran baheula pas taun 80-an mah di lembur biasa tara make listrik, cukup ku cempor, mun peuting tara lalajo tivi, cukup ku ngadengekeun radio jeung si abah katut si ema, atuh ayeuna mun pareng pareum listrik, nya balik deui ka jaman baheula, ngadengekeun siaran radio bari heureuy jeung si cikal nana --- On Sat, 6/28/08, Edi junaedi <[EMAIL PROTECTED] <mailto:edo_csi%40yahoo.co.id> > wrote:
From: Edi junaedi <[EMAIL PROTECTED] <mailto:edo_csi%40yahoo.co.id> > Subject: Bls: [Urang Sunda] Mopoek To: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> Date: Saturday, June 28, 2008, 10:13 AM Nya sing salabar wae kanu lalinggih di pulau jawa, rarasaan abdi mah masih mending amun dibandingkeun sareng di Balikpapan atanapi Samarinda byar pet listrik teh teu sirikna sapoe dua kali....digilir saurna, komo deui sakeudap deui bade aya PON XVII,dijamin bakalan tambih sering tah byar petna teh, matak nyangsarakeun euy.... puguh ge meni heran pisan ieu teh, kurang beunghar kumaha ari kalimantan, walungan gede, tangkal kai loba, minyak jeung gas balatak, komo batubara, hah lieur we, jiga hayam paeh kalaparan dina tumpukan pare....lieur lah....

