"Ujang hayang komputer anu siga di sakola, bisa ngetik surat, bisa maen gem,
bisa internet" walon si Kucrit ka bapana.
"Hayya, oe teu nyaho atuh, komputel anu dipake di sakola kuclit teh anu
kumaha.hayya..."

"Assalamu'alaikuum...", saurang pamuda ka tokona babah Thai Ku Ciang.
"Wa'alaikum salaaam..", anu di jero toko rampak narembalan.
"Hayya, geuning jang Ludi, hiap kadieu jang."

Pamuda anu anyar asup teh sasalaman jeung engko Ciang oge Kabayan. Rudi
ngaran eta pamuda teh. Manehna kuliah di Universitas Otodidak jurusan
Teknologi Industri Pertanian. Sok sanajan kuliahna di Teknologi Industri
Pertanian, tapi manehna langganan toko Engko Ciang, ku sabab Rudi teh boga
usaha sampingan jualan komputer.

"Daramang sadayana ?" ceuk Rudi.
"Hayya, alhamdulillah pangesto,sawangsulna jang Ludi kumaha kabalna?"
"Pangesto Engko, he..he..he.., aeh geuning aya jang Kucrit jeung Kang
Kabayan. Keur ngaborong kang Kabayan? he..he..he.."
"Lah si jang Rudi mah ari taeun teh, jalma siga kuring mah rek ngaborong
naon atu jang, ieu we kuring teh keur nganteur si Kucrit, hayang meuli
komputer cenah." walon Kabayan.

"Muhun kang Rudi, abdi hoyong meser komputer anu sapertos di sakola
geuningan." ceuk Si Kucrit pinuh sumanget.

"Euh kutan kitu nya, he..he..he.., nya sukur atuh ari kitu mah, jadi ujang
Kucrit bisa leuwih loba latihan make komputer di bumi, da di sakolaan mah
waktuna terbatas. sae, sae"

"Lain jang Rudi, kapanan si Kucrit teh hayang komputer anu siga di sakolana
cenah. Cik sugan jang Rudi nyaho, ari di sakolana si Kucrit teh, komputerna
merek naonnya?" ceuk si Kabayan nanya ka Rudi.

"Kang Kabayan,   komputer anu di SD Otodidak mah lain komputer bermerek,
tapi komputer rakitan anu umum dijual di pasaran di nagara urang.Ari anu di
maksud komputer rakitan teh nyaeta, komputer anu bisa di bongkar pasang."

"Ooh kitu..," walon si Kabayang bari unggeuk-unggeukan najan rada bingung
oge can ngarti.

"Tah, lamun urang meuli komputer, biasana didasarkeun kana sababaraha bagian
poko, saperti Prosesor, Ram, VGA, Hardis jeung Monitor."

"Euleuh jang, eta ngarana oge meni araraheng geuning, meni tar ter tor kitu"

"He..he..he.. nya kumaha atuh kang Kabayan, ngarana oge barang-barang buatan
nagri deungeun, tangtu eta barang teh dingaranan make basa jalma anu
nyieuna. Kieu we atuh ngajelaskeuna nya. komputer teh pang saeutikna aya
tilu bagian, kahiji komputerna, siga anu dina rak beulah katuhu geuningan
tah, loba ngajajar parasagi. Anu kadua, nyaeta monitor, tah monitor mah anu
siga TV, malah ayeuna mah keur usum anu araripis siga nu dina etalaseu eta
geuningan. Terus anu ka tilu kibord jeung mous. Tah kibord jeugn mous mah
paranti urang mencet-mencet pikeun ngadalikeun gawena eta komputer.

si Kabayang rurat-reret ningali barang anu di tunjukan ku Rudi.

"tah khusus bagian anu kahiji nyaeta komputer, eta teh eusi beuteungna loba
deui rupana. Saperti madebord, prosesor, RAM, Hardis, jeung VGA."

"euleuh aing mah meni pabaliut kitu nya, brat bret brot ngaran teh, na
euweuh ngaran sejen deui kitu heu..heu..?". ceuk si Kabayan bari nyengir.

Rudi ngan ukur mesem,"anu kahiji maderbord, conto maderbord teh, tah eta
geuning anu di jero etalase handapeun siku kang Kabayan, anu pasagi siga
talenan."

"oh nu eta?"

" tah enya. gunana maderbord teh nyaeta tempat nyolokeun atawa masang
sakabeh bagian-bagian komputer. monitor nyolokna ka dinya. kibor jeung mous
nyolokna ka dinya, prosesor ditancebkeun di dinya, RAM, VGA oge sarua.
cindekna mah moderbord teh misti kudu aya dina komputer."

"anu saterusna nyaeta prosesor, ari prosesor teh lamun cara di jalma mah
uteukna. sakabeh parentah anu ku urang di asupkeun kana komputer, dipikirna
teh ku prosesor. samalah prosesor teh sok jadi ukuran kakuatan hiji
komputer. conto, jalma sok aya nu nanya ka toko, arek meuli komputer dual
core, cenah. tah ieu hartina komputer eta teh uteukna make uteuk bangsa dual
core."

"heu..heu.. lamun make uteuk bangsa urang kumaha tah jang? bakal pinter moal
komputer teh?" si Kabayan ngalokan.

"he..he..he.. duka teuing atuh kang, nya paling komputerna teh gawena ngebul
wae? urang teruskeun nya. tah anu saterusna RAM, ari gunana RAM teh nyaeta
pikeun mantuan digawena si uteuk atawa prosesor tea. RAM teh aya ukuran
eusina. beuki gede ukuranana, beuki alus. conto, RAM 1 Gigabait. hartina RAM
ieu bisa dieusian sarebu juta bait (byte)."

"leuh geus bulat beulit deui wae, ngarana buat bait heu..heu.. ari sabait
teh sakumaha atuh jang?" si Kabayan beuki tetelepek.

"euuh kumaha nya... euh kieu, lamun urang nulis huruf 'A' misalna teh, tah
hiji huruf 'A' di itungna sabait. misalna urang boga keretas anu bisa di
tulisan huruf A anu lobana 1000 siki huruf 'A'. tah berarti eta keretas teh
eusina 1 Kilobait."

"oh kitu .."

"ya, kurang leuwih kitu lah kang Kabayan.anu saterusna nyaeta Hardis. Ari
gunana hardis teh nyaeta pikeun nunda data atawa hasil pagawean urang
sawaktu digawe make komputer, misalna hasil ngetik atawa ngagambar make
komputer. Tah hardis oge sarua make ukuran bait siga RAM. "

"euh, siga leuit meureunan nya jang nya, sa leuitna teh aya sabaraha pikul
pare. kitu meureun nya?"

"tah kitu kang he..he..he.. "


*
**** cape nya macana? he..he..he.. ke teruskeun deui nya*

Kirim email ke