Supaya leuwih hanueteun ieu aya tulisan kang ndoell di ramat urangsunda.net,
perkawis udud, heu...heu....

Udud



  Ditulis ku Kang Ndoell      Minggon, 26 Nopember 2006

Dihareupeun toko, aya budak ngora keur nangtung. Dangdananana model ayeuna,
make calana jin bulao, kaos, sapatu jangkung jeung jaket tina kulit.
Kacamata hideung nangklek dina tarangna. Leungeun kenca-na diasupkeun kana
kantong jaketna. Rokok nu aya dina ramo leungeun katuhuna disedot bangun nu
nikmateun pisan, tuluy haseupna dikaluarkeun lalaunan, meni nyerebung. Acan
ge satengahna, lung we rokok teh dialungkeung tuluy dikekesek ku sapatuna.

Nempo polah budak ngora kitu, bapa-bapa nu nangtung gigireunana melong.
Ngarasa dipelong, si budak ngora balik melong deui. Papelong-pelong.
"Aya naon, Pa ?", budak ngora nanya bari cekres deui nyeungeut rokok.
"Ah henteu", ceuk bapa-bapa, "Jang, lain...Bapa mah ngarasa nyaah we eta
duit dibeuleuman kitu. Coba geura nya, lamun sapoe beak dua bungkus we, pan
sabulan pasti geus 60 bungkus. Rokok sabungkusna saeutikna lima rebu,
sabulan teh meureun tilu ratus rebu. Sataun geus sabaraha, komo deui sapuluh
tahun geura we pek itung. Mun eta duit dikumpulkeun, boa bisa kabeuli imah
atawa mobil."

Si budak ngora teu nembalan. Sirahna unggut-unggutan, jiga nu ngartieun eta
bapa-bapa teh. Biwirna manyun, maju aya kana lima senti mah.

"Ari Bapa teu ngaroko ?", si budak ngora nanya.
"Henteu jang, ti bubudak ge can pernah"
"Bapa gaduh mobil ?"
"Ah, boro-boro mobil, rompok ge ngontrak keneh jang."
"Abdi mah, mobil gaduh, rompok ge tos gaduh.", ceuk budak ngora bari
ngaleos.

Si bapa ngan ukur olohok.


2008/7/1 gusaeni <[EMAIL PROTECTED]>:

>
> Obrolan tukang udud :
>
> "Ari maneh kunaon make udud wae, pan eta teu sehat"
> "Kumaha Uing we atuh, maneh tong sok loba omong"
> "Naha teu lebar duit didurukan, mending keur anak pamajikan"
> "Daripada keur ngaduruk maneh"
> "%^&*#@"
>
> wassalam
> -gusaeni-
>
> Tuesday, July 1, 2008, 1:28:08 PM, you wrote:
>
>
> > Udud deui udud deui.
> >
> > Deui deui udud.
> >
> >
> >
> > Rek dijieun sagede tiang listrik atawa dihargaan mahal oge.
> >
> > Ceuk nu masih ngudud : duit-duit aing, biwir-biwir aing
> >
> >
> >
> > Bisa kabayang heueuh!!
> >
> >
> >
> > Ceuk aing ieu mah, sungut nu beuki udud bau kocomberan!!
> >
> > Pajarkeun halitosis,
> >
> >
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>


-- 
Regards

Toha
-----------------------------------------------------------------------
"Jika ada Kemauan, Pasti ada Jalan".
"Jika belum Ketemu Jalan, Buatlah Jalan"

Kirim email ke