Tambihan deui, Kang Irpan kudu diajar bahasa isyarat nu bener. Salian gerak 
bibir, oge leungeun pepeta. Mun kurang keneh ditambahan ku kiceup mata.. Ngan 
kade salah mraktekeun. Ngiceup kahandap hartina "maneh kudu hormat", ngiceup 
kaluhur hartina "maneh kudu mikir". Cobian ceura ngiceup sabeulah ka karyawan 
awewe, abong mun teu digabruk, sabab ngiceup sabeulah hartina "I love you".
 
Abu Mawas 
 


--- On Wed, 7/2/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Tuna Rungu
To: [email protected]
Date: Wednesday, July 2, 2008, 6:07 AM






Reeus ah kang ka eta Pausahaan anu ngajalanakeun salah sahiji tanggung jawab 
sosial..Ngan akang getah geten tea cacalawakan. ..kade ulah kacandak kana 
suasana normal....


On 7/2/08, irpan rispandi <mr.rispandi@ gmail.com> wrote: 





Poe ieu, poe kadua di kantor tempat kuring gawe, aya karyawan 'luar biasa' opat 
urang. Maranehna lulusan sakola luar biasa (SLB) khusus Tuna Rungu Santi Rama 
di jl. Fatmawati Jakarta. Ari tugasna nyaeta jadi 'Data Entry', tukang 
ngasup-ngasupkeun data kana sistem komputer. 

Penerimaan karyawan ti SLB ngarupakeuh salah sahiji program 'community service' 
anu di gulirkeun ku perusahaan.

Kuring kabeneran kabagean tugas nyiapkeun komputer keur pake-eun maranehna.
Mimitina mah kuring ngarasa canggung komunikasi jeung maranehna, sabab nya 
kitu, maranehna teh Tuna Rungu. Komunikasi jeung maranehna dilakukeun ku cara 
ngomong laun (maranehna bisa maca gerak biwir) ditambah basa isyarat. 
 
Tapi kadieu na keun mah geus lumayan ngareunah, sanajan lamun ngomong kudu rada 
cacalawakan, tapi enjoy aja :) . 

dina jero hate kuring jadi reueus, geuningan masih aya keneh pausahaan anu 
disamping neangan kauntungan, oge peduli ka lingkungan.
  



 














      

Kirim email ke