Nagara mana nu paling bahagia di Dunya? ceuk beja koran Kompas poe ieu, 
Denmark. Kitu cenah ceuk panalungtik sosial ti World Values Survey.  Denmark 
bahagia ku demokrasi, kasetaraan sosial jeung atmosfer tengtrem (damai). 
Sedengkeun nagara nu paling teu bahagia Zimbabwe nu ayeuna ribut ku pasea 
politik jeung sosial. Ari Amerika Serikat mah ngan meunang ranking ka 16, 
sanajan nagara pangbeungharna sadunya. Umumna, ceuk survey ieu, Dunya beuki 
ngarasa bahagia tibatan baheula. Aya 52 nagara nu dianalisis ti taun 1980 
tepi ka taun 2007. Aya 45 nagara ngarasa ningkat kabahagianana.

Denmark sanajan lain nagara pangbeungharna sadunya, tapi makmur. Nagara 
sejenna nu asup ranking pangluhurna dina kabahagiaan nyaeta Iralndia Utara, 
Eslandia, Swiss, Irlandia, Walanda, Kanada jeung Swedia. Puerto Rico jeung 
Kolombia oge asup ka ranking luhur.

Ngan hanjakalna Indonesia teu kasebut-sebut euy, teuing ranking kasabaraha 
.........

[Sunber: Kompas, 2 Juli 2008]

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke