sigana mah teu aya nu langsung. Anu sok ngaliwat ka imah mah anu ti
Cicaheum, Bandung anu rek ka Cirebon. Usulan kuring, mun ti jakarta mah cobi
naek beus ti Lebak Bulus/Kp. Rambutan anu ka Garut/Tasik, lungsur di
parapatan Cileunyi. Ti tutugan tol Cileunyi, nyambung beus nu ka Majalengka.
Ku kitu sigana leuwih gancang. Kuring biasa ka CIleunyi nyegat beus di UKI
(Primajasa, Saluyu, Doa Ibu, CBU, jsb), dua jam-an nepi (Cipularang).
Ongkosna ge teu awis, 26 rebu ekonomi AC, kari gek terus peureum (iwal
kamari ka-Jakarta-keun, gehel teh nangtung ampir 3 jam!!! Heuheu...)

On 7/3/08, ramdhan lenteng wrote:
>
>   lamun ti jakarta, aya nu terang rute bis ka majalengka?
>

Kirim email ke