dupi kang yadi terang teu prinsipna pami perusahaan tos go publik?
(dina hal ieu, koran Republika, milik PT Abdi Bangsa nu mangrupa
perusahaan go publik)

kieu weh gampangna mah: saha2 nu gaduh acis, bade yahudi bade nasrani
bade muslim, bade atheis oge, tiasa ngapimilik perusahaan go publik

mangga lenyepan weh  heula, ulah waka dicacandak kana masalah AKKBB,
eta hal nu bakal nimbulkeun kakisruhan [deui].

pami teu apal prinsip2 go publik, mangga seueur artikel di internet ge

nuhun!


=======

Kamari di ramekeun yen AKKBB [punten nun, akkbb deui ieu teh lah....],
kenging bantuan dana ti Zionis.
Tapi geuningan, aliran danana teh nu kantenan mah los-los kadieu,
kumaha ieu teh........?
Tapi keun bae lah, ku kabuka hal-hal nu tadina samuni di ahir mah
bakal katangenan oge.
[kumaha paribasana teh...?]
Nu langkung penting mah urang kedah paos-paos bae dina nyikepanana
sagala rupina oge.
Salam,
yadi

Kirim email ke