Naha ki dulur geuning lieu kabeh, aya nu nanya dijawabna sabulang bentor, 
karunya.
 
Bener ceuk kang Dadi, mun rek ka Majalengka tiasa naek WIDIA, tiasa ti Bekasi 
atanapi ti Cikarang naekna (bubuhan kuring ge can kungsi naek mobil eta, ngan 
adi beuteung geus biasa, malihan kamari tgl. 03-07-08 ka lalembur, sami naek 
WIDIA. Mung duka eta WIDIA teh langsung ka Majalengka, atanapi ke Rajagaluh, da 
mun teu salah mah liwatna ka Cideres rek ka Rajagaluh. Tah kulantaran kulawarga 
kuring mah asalna ti Gandu/Genteng kalereun Cideres, nya sok tarurun di Cideres 
atawa di Kadipaten, diteruskeun naek beca atawa delman.
 
Baktos
JT


--- On Thu, 7/3/08, firman raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: firman raharja <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] [naros] angkot ka majalengka
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Thursday, July 3, 2008, 4:15 PM

Naek Kareta Mesin bisa 
ngan ngoprot kesang sigana mah 


NB: Kareta Mesin = sapedah (ceuk pun Eyang)


--- On Thu, 3/7/08, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: trias santosa <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] [naros] angkot ka majalengka
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Thursday, 3 July, 2008, 2:55 PM









Ceuk saha lieur naek kareta api ti Jakarta ka Majalangka.. . gampang. Ngan kudu 
nyieun heula jalana. Kawajiban HADE nyieun jalan kareta api ti Jakarta ka 
Majalengka.. . iraha boa.


--- On Thu, 7/3/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED] .or.id> wrote:

From: kumincir <[EMAIL PROTECTED] .or.id>
Subject: Re: [Urang Sunda] [naros] angkot ka majalengka
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Thursday, July 3, 2008, 12:26 AM




Wah... tebih, Kang... Upami hoyong naek kareta mah kedah nguriling heula ka 
stasiun Gubeng... heuheuheu...

Upami naek kareta mah nya paling dugi ka Bandung. Ti Bandung naek angkot ka 
Cicaheum, ti Cicaheum naek beus ka Majalengka.


On 7/3/08, ramdhan lenteng wrote: 









upami nganggo kereta aya teu?


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 


      

Kirim email ke