baraya, cikeneh kuring maca carpon "ruhak pajajaran" kenging saleh danasasmita. di dinya aya kasebut yen putri bungsu raja sunda panganggeusan kungsi kapeto jadi huhulu puragabaya. tah nu jadi kapanasaran kuring, kumaha posisi awewe jaman harita, tangtys? da lamun maca sajarah emansipasi awewe di (nu ayeuna jadi) indonesia mah posisi awewe teh ukur di dapur jeung kasur wungkul. tah mun bener aya kajadian putri sunda kungsi jadi huhulu pan meureun sajarah nu nyebut kitu teh salah! atawa posisi awewe model kitu teh ukur kajadian abad 18-19 wungkul kitu?
-- d-: dudi herlianto :-b ~karék cénah~

