nuhun kang, memang nu nyeratna oge balad kang oman. numatak jiga dipaksakeun ditarik katukang ka jaman karuhun. dititenan eusina jadi pabaliut, aya "kiai" aya "pandita" sagala.
salam, mh On Fri, Jul 4, 2008 at 10:15 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hehehe, Mh, di Tatar Sunda jaman "karuhun" (sebut wae jaman Pajajaran > abad 15 M salaku wates) mah teu aya nami "Ciamis". Bisa jadi, kecap > Sangkakala aya ti jaman Sunda karuhun. Pon kitu deui kecap Pajajaran > geus jelas aya di jaman Sunda karuhun. Tapi, aran "Sangkakala > Pajajaran" kalayan contona sakumaha syai'r anu dicutat ku Mh dihandap > ieu si kuring rada apal iraha lahirna jeung naon kasangtukangna atawa > keur kaperluan naon mimiti diciptakeunana (tangtu wae versi anu si > kuring apal). > > Lahir saba'da tahun 2000, malah prak-prakanana mah- sakaterang kuring > - taun 2003-an. Digunakeun- mimitina - pikeun sosialisasi ngeunaan > tata ruang (harita anu nyiptakeunana--pasna deui mah- pimpro anu > nyiptakeuna nyaeta kepala dinas tata ruang dan pemukiman manten). > Harita memang mimiti rada rame perkara "pendekatan budaya" pikeun > sosialisasi program pangwangunan. Malah, harita teh mimitina mah aya > usulan sangkan digabung sareng Nurhidayahan-na Abah Surya. Namung, > Abah Surya narik diri kusabab...duka teuing (ngan munasabah upama > alesanana bisi anu pabeulit antara Nurihidayahan sareng Sangkakala > Pajajaran, kusabab nyampur tea, aya hadena oge). > > Sakitu heula Mh anu bisa ditepikeun dina ieu kasempetan. Anu jelas, > malikan deui bubuka di luhur: Sangkakala Pajajaran kalawan > kalimah-kalimahna sakumaha cutatan Mh eta lain jieunan karuhun Suna > anu geus ti heula pisan (sebut ti Jaman Pajajaran abad 15 M ka ditu), > balikta ciptaan kamari ieu,m cana aya 10 taun oge. Ngan, upama > sababaraha kalimah-kalimahna atawa kekecapanana aya anu dicandak ti > jaman beh ditu, jaman karuhun tea, mungkin wae. Contona: kecap > "Pajajaran", jst. > > Pamugi aya manfaatna. > > manAR > > > > On Fri, Jul 4, 2008 at 8:48 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> baraya, sim uing manggih hiji artikel, nu nyutat hiji syair, make >> judul "syair sangkakala pajajaran". cenah ceuk nunulis eta artikel, >> eta syair teh beunang nganggit karuhun sunda. nu jadi kapanasaran >> uing, naha enya eta syair teh beunang karuhun sunda? atawa kreasi >> anyar-anyar ieu? pedah eta we, upama maca artikel kiwari, sok mindeng >> ngarujuk nepi ka jaman bulukan, nu kadang-kadang upama dititenan >> rujukanana sok rada pabaliut. >> >> cing sugan aya baraya nu apal, tina naskah naon ieu syair teh ayana? >> >> salam, >> mh >> >> catetan: geura ieu potongan eusi artikelna >> ====== >> Para leluhur sunda melalui syair SANGSAKALA PAJAJARAN sudah >> mengingatkan agar dalam kehidupan di dunia, manusia harus selalu >> bersahabat dengan lingkungan alam karena jika tidak alampun akan >> membalas melalui berbagai bentuk bencana yang ditimpakan kepada umat >> manusia. >> >> Cobalah cermati apa yang dipesankan dalam syair "Sangsakala Pajajaran" >> yang saat ini mulai dikenalkan dan dikembangkan untuk mengingatkan >> masyarakat Jawa Barat generasi saat ini akan tradisi luhur Tatar Sunda >> yang memiliki kearifan dalam memperlakukan alamnya. >> >> SANGSAKALA PAJAJARAN >> >> KAWUNG MABUR CARULUKNA >> Enau Kehilangan Buahnya >> >> GULA LEUNGITEUN GANDUAN >> Gula Kehilangan Cirinya >> >> CIAMIS KARI PAITNA >> Air Manis Tinggal Pahitnya >> >> CIHERANG KANTUN KIRUHNA >> Air Bening Tinggal Keruhnya >> >> SAMAK TINGGALEUN PANDANNA >> Tikar ditinggalkan Pandannya >> >> KIAI LEUNGITEUN AJI >> Kyai Kehilangan Kemakbulannya >> >> PANDITA ILANG KOMARA >> Pemimpin Formal Kehilangan Wibawa >> >> KAHURUAN KU NAPSUNA >> Terbakar oleh Nafsunya >> ======== >> >> > > ------------------------------------ > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > Yahoo! Groups Links > > > >

