He, silaing kabeh, Parawan jeung Jajaka (kolot?), Silaing kabeh pernah puasa? dina mangsa puasa, waktu beurang atawa sore, kumaha rarasaan silaing ningali dahareun?
sakaaabeh dahareun kacirina ngeunah. sakaaabeh anu nembrak dina meja makan kabayangna nikmat. waktu harita, silaing nguntup bakal bisa ngabeakeun sakabeh eusi meja. lamun pareng silaing anak kost, ti ashar keneh silaing geus ngabayangkeun, engke sore meuli naonnya keur ta'jil jeung buka? pasti ngabayangkeun anu ngeunah, es kopyor tah, kolek caruluk tah, sirop tah, jrrd. regepkeun dua kecap ieu, Kacirina jeung Kabayangna. eta dua kecap teh dipangaruhan ku hiji, nafsu. Maghrib datang, waktuna buka puasa. naha sanggup silaing ngabeakeun eta eusi meja? kolek sa panci, anu tadi beurang silaing nguntup bisa meakeun, boro-boro sapanci, sagelas oge beuteung geus pinuh. ieuh, parawan jeung jajaka (kolot?), silaing teh sigana mah siga jalma puasa, anu ngabayangkeun hal-hal ideal tina hiji pernikahan. dina nyiar salaki/pamajikan, silaing hayang anu 100%, lengkep dina sagala hal. ningali si eta, ngan 75%, embung. panggih jeung si itu, ngan 80%, lewat. kenalan jeung simanehna, ngan ukur 90%, pikir-pikir heula, ahirna bolay. euuh aing mah. eta teh sarua jeung nafsuna jalma puasa anu rek buka deuleu! Naha kumaha atuh sangkan teu kitu? ieuh parawan jeung jajaka (Kolot?) utamana silaing anu geus gableg pagawean. silaing kan pernah pangalaman proses asup gawe kapanan. ti mimiti ngirimkeun lamaran, wawancara, jst. naha memeh ngirimkeun lamaran, silaing bobogohan heula? heh? kapanan henteu. naon atuh anu jadi sabab silaing, sawaktu ningali iklan lowongan terus nyokot kaputusan ngalamar ka perusahaan eta, anu saterusna di tarima jadi karyawan? taya lian ku sabab duanana ngabogaan nilai-nilai anu di teangan ku pihak masing-masing. silaing tangtu neangan perusahaan anu bonafid, anu bisa ngajamin kasejahteraan karyawanna. perusahaan oge ningali silaing ngabogaan syarat-syarat dasar jeung kaleuwihan-kaleuwihan anu mangpaat pikeun kalumangsungan hirupna perusahaan. tuh kapanan, jodo dina urusan pagawean mah teu hese siga jodo kawin silaing. naon atuh anu matak jodo silaing hese. ceuk dewekmah da silaing-silaing keneh we anu ngahesekeun. matak geus ayeuna mah, ulah loba teuing ngabayangkeun. mendingan niatan ti ayeuna, silaing hayang ngalengkepan hirup, moal hirup nyabeulah deui. pek ngado'a ka Pangeran. terus ikhtiarna, tong neangan nu 100%, da hese. anu 60%, 70%, 80% atawa 90% ge teu nanaon. nu penting silain jadi siga perusahaan, ningali heula syarat-syarat dasarna geus aya acan. lamun syarat-syarat dasarna geus aya, keun we lah kaleuwihan-kaleuwihan mah dina euweuhna oge moal matak nanaon, da silaing oge loba keneh kakurangan lain? ngomong-ngomong syarat dasar, bisa jadi masing-masing beda syaratna. silaing anu awewe, ngabogaan syarat dasar lalaki anu bakal di tarima teh anu mawa BMW. silaing anu lalaki, ngabogaan syarat dasar awewe anu bakal di tarima teh minimal sarimbag jeung Luna Maya. eueuh atuh mun kieu mah sarua jeung waduk. ieuh, silaing percaya ka Pangeran? lamun silaing percaya ka Pangeran, iman ka Pangeran, silaing oge tangtu iman kana 3 katangtuan mutlak Pangeran, nyaeta Jodo, Pati jeung Rejeki. Ulah hayang kanu mawa BMW, lamun silaing rupa goreng patut katambah can bisa nyambel-nyambel acan mah. Ulah hayang ka Luna Maya lamun silaing jeung siamang beda saeutik. sing realistis atuh. Jeung deui, BMW moal jadi jaminan kabagjaan. Kumaha lamun salaki silaing bobogohan deui. Da saha awewena anu teu serab ku BMW. kitu deui Awewe geulis, lamun silaing jeung siamang beda ipis, ngabatin siah kawin jeung nu geulis teh. Hate henteu weleh kasieunan pamajikan kabengbat ku lalaki sejen nau leuwih sagalarupana ti silaing. Lamun kitu naon atuh anu jadi syarat dasar teh? kapanan ceuk kangjeng nabi oge, lamun neangan jodo, teangan opat hal. pasti silaing geus pada nyaho kabeh. naon anu paling penting tina nu opat? naon? tah eta. Iman jeung islam deuleu! On Fri, Jul 4, 2008 at 7:18 PM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > teuing ari dewek mah euy... asa can ditembongan ngeunahna kawin (kade > make surat ieu mah).... dipikir-pikir kalah ngaririweuh maneh. komo lamun > kawin ukur hayang nyarangkaan urat wungkul mah. asa kateuteuari! > > ah sugan we keudeung deui kawenehan nya? > > swalayan ti baheula, warung sate di mana-mana.... hahaha... so buat apa > kawin? > > On Fri, Jul 4, 2008 at 10:20 AM, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > >> he..he..he.. >> *(bari kukulintingan di pakalangan, nulak cangkeng....) >> >> *Baraya sakabeh !!!, >> utamana ka silaing-silaing anu masih keneh lelengohan. >> dengekeun omongan dewek. >> >> Na hayang nu kumaha silaing teh? >> na nungguan naon deui atuh, hah? >> >> gawe enggeus, panghasilan boga, rupa oge teu goreng-goreng teuing lain? >> yah beda ipis wa utung mah jamak lah, da pasti aya layan na. >> >> na bet lelengohan keneh? >> >> dewek yakin, dina jero hate silaing kabeh anu lelengohan, ngarasa teu >> tengtrem. >> te betah deuleu! >> komo deui lingkungan urang ayeuna, geus pinuh ku pangbibita. >> Film, sinetron, buku, majalah, kabeh informasi anu asup kana uteuk silaing >> teh, teu jauh ti romantismeu jeung nafsu birahi. >> >> naha rek kitu wae hirup teh? >> luntang-lantung sosoranganan, teu puguh tujuan hirup. >> >> enya silaing bisa ngomong, "biar jomblo tapi bahagia". >> >> Waduk siah! >> sabagja-bagjana oge hirup nyabeulah. >> anggeur we mangsana nyorangan mah, karasa siah peurihna. >> tong bohong. >> >> enya silaing bisa ngabangbalerkeun eta kapeurih. >> ngabangbrangkeun ku jalan ulin jeung babaturan. >> tapi tetep we mangsana silaing sare mah, moal enya hayoh wae jeung >> babaturan. he..he.he.. >> tah harita mangsana silaing ngarasakeun deui eta kapeurih. >> >> Na hayang nu kumaha silaing teh? >> na nungguan naon deui atuh, hah? >> >> Jawab !!! >> >> _ >> ,___ >> > > > > -- > d-: dudi herlianto :-b > ~karék cénah~ > >

