tadi siang oge ningal warta na TV, polisi newak treuk anu eusina rupa2 kadaharan anu geus kadaluarsa, eta si kadaharan anu kadaluarsa di kemas deui, diganti plastikna dijadikeun jajanan anu hargana ngan 500 perak, siga produk anu rejek, biasana sok dijualan di sakola2 atawa di warung2 leutik,
cenah eta si kadaharan kadaluarsa teh meunang ti cirebon, rek dibawa ka tasik jeung sabudeureunana... ati2 ka baraya..!! ulah kabita ku jajanan anu murah...!! tapi ketang... pernah oge ningal na TV, duka daerah mana hilap deui... aya pasar khusus anu ngajual kadaharan kadaluarsa, geus mangtaun-taun cenah eta pasar teh, warga didinya oge geus biasa meulianana, cenah mah leuwih murah jeung terjangkau hargana... karunya teuinnnggg...!!! -nzi- > Kahatur kang emod kan baraya sadayana.........ciganan mah diical deui > kang ka lembur-lembur anu singkur jauh ka kota!! > baraya sadaya sing ati-ati, pami meser lan nuang landong anu diical > bebas di warung-warung, margina seueur landong anu kadaluarsa di ical > bebas.........sawatara sasih kapengker, aya warta ti detik surabaya, > pulisi nyerek jeleme tukang ngajual ubar kadaluarsa, pas ditanya > sabaraha lilana manehna ngalakukeun eta pagawean....dijawab langkung 6 > taun...Tah!! aya deui ubar kadaluarsa teh campuran jamu-jamuan anu teu > diregistrasi ka badan POM, biasana jamu-jamu anu diproduksi daerah jawa > (tengah & timur) anu ngarana ge anueh-aneh, geningan sok aya dilembur2 > dijual ubar reumatik jsb (anu wandana kapsul di renceng ku plastik > herang......) kade pisan tong ngagaleuh anu kararitu!! > > baktos, > > ikmal

