nu mana nyarita enya
nu mana carita teu enya
kabeh ukur bisa ngira ngira
dalah elmu nu pangcanggihna
ge ukur ngira-ngira.
ukur kira-kira eta teh enya!

saha nu hayang pangenyana?

On Thu, Jul 10, 2008 at 7:26 AM, nonggerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   (Serat 1 : )
>
> Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, rubah jadi maung atawa nu
> mistik laina. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu
> pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut
> ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa
> manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna
> sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.
>
> Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan
> dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji
> acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang
> nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di
> kira-kira.
>
> Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi
> maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka
> gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan
> maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali.
> Lain anjeun turunan manuk dadali.
>
> Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun..
> Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba
> ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...
>
>  __._,_.__
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~

Kirim email ke