Aslm. Pahapunten upami nyandak kalepatan dina ayana. Mun ti abdi,presidenna 
kudu urang sunda. hehehehe

----- Pesan Asli ----
Dari: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 10 Juli, 2008 07:29:22
Topik: Re: [Urang Sunda] Saha Calon Presiden RI..........?


Aya patarosa ti abdi anu sigana nepi ka jungkir balik oge moal tiasa kasorang 
dina nmer 3, 4 sareng 5. Timana waragad kanggo ngala kakayaan alam teh, padahal 
urang teh Nagara anu kapaksa nyieun RAPBN Depisit> Disinggung Exxon.. kumaha 
ngambil alih proyek anu waragadna anu ratusan juta dollar. naha pertamina anu 
gararoblog atanapi urang anu teu ngarots. Proyek LNG medco di Sulawesi 
(Sonoro).pangaosna $ 1.2 milyard dikengengkeun ku Mitsubishi. Gas Natuna anu 
ageung kandungan CO2na peryogi $ 5 Milyard Dolar pahse-1 na. Saha nu sanggem 
investasi sakitu burinyaynya. 
 
Ah gampil dibikeun wae ka pangusaha Nasional...wah. .cilaka.. .Maranehna bakal 
ngineum modal ti Bank pamarentah.. .enke..jeblug. .terus kawas kasus 
BLBI...dina proses nginjem supaya goal teh loba KKN..kikiceupan. ..jst..jst. 
..Sigana sanes dugi ka oray buluan..tapi dugi ka urang sadayana bararotak 
oge...moal tiasa....... ...

 
On 7/8/08, tantan hermansah <sariak.layung@ gmail.com> wrote: 
Kriteria anu hade lah. Ngan hanjakal, nepi ka oray buluan oge, di Endonesia 
mah  teu aya. Mun aya oge,  can tangtu wani nyalon. 
Mangga urang titenan:

Tah atuh cikan Kriteria Calon Presiden Ideal teh nu kumaha....?

1.Teu nganut  sistem Ekonomi Neoliberalisme nu leuwih ngutamakaeun kapentingan 
perusahaan Multi National Company batan rakyat Indonesia.
Cingan naon buktina? perbandingkeun datana. Loba mana? Aya datana nu disebut 
mentingkeun ieu. Ari ngan hiji dua mah sanes mentingkeun atuh. Ngan anu katenjo 
wungkul.
 
2.Teu ngajalankeun agenda Neoliberalisme IMF, World Bank, dan WTOnu maksakeun 
Privatisasi BUMN, Rumah Sakit Pemerintah, jeung PTN, Deregulasi
Pamarentah ayeuna geus anggeusan ti IMF. World Bank? Salila sistem finansial 
urang jiga ayeuna, moal bisa. Sabab satiap perak duit urang pakuat pakait 
sareng duit bangsa sejen. Conto: mun rek meuli laptop make harga dolar. Ngenaan 
privatisasi BUMN....hmm si kuring resep mun diskusi. 
Kang, terang teu tingkah laku pausahaan BUMN? meres wungkul kang. Dimodalan 
tapi dijadikeun fasilitas mewah jang maranehna sorangan. Gaji direktur BUMN 
langkung badag batan gaji mentri malah presiden. Teru percanten? Mangga toong 
sabaraha gaji pertamina, kumaha ketakna. Ulah silo ku bangsa dengen kang. Tapi 
ulah nutup mata oge ku bangsa sorangan. Kuring mah teu percaya BUMN ayeuna. 
Kuring percaya swastanisasi tapi kudu bangsa sorangan. Contoh sejen: tinggali 
gawe pertamina... .PLN, jeung BUMN sejen. Mana sumbangana jang rahayat. Nu aya 
mah ngalebokan duit pajeg saya euy. 
PTN...rupina kang Rahmat UI parantos ngawaler

3.Ngalakukeun Nasionalisasi Perusahaan Tambang atawa paling henteu meunangkeun 
bagi hasil nu ilahar.
Saya satuju nasionalisasi. Tapi ulah dibiken ka BUMN. Pertamina geus nyababkeun 
urang hese bensin, hese listrik. Jurig wungkul. Kang, terang teu sabaraha 
produksi pertamina 160.000 barel/ poe. Terang sabaraha produksi Exxon mobil? 
710.000 barel/poe. Nandakeun naon? Pertamina gararoblog! Punten rada amarah 
kuring mah. 

4.Nyadiakeun PTN ku biaya nu bisa kahontal rakyat miskin
Kunaon ukuran bet rahayat miskin? ku bangsa Indonesia kitu! ulah ngamimiskin 
jalma anu rejekina sahandapeun urang. Jadi nyadiakeun PTN anu haratis jang 
bangsa Indonesia kitu! 


5.Ngabogaan program Berdikari. Sacara mandiri ngolah Kekayaan Alam pikeun 
kemakmuran rakyat. Teu make kawijaksanaan nu barangmaen nu bergantung ka 
investor asing.
Sigana jawaban ieu sami sareng di luhur

6.Mere  patani lahan minimal saluas 2 hektar per KK
Satuju. Tapi dumasar kana naon 2 hektar. Keur naon boga tanah, tapi teu boga 
modalna. Keur naon bisa tani, tapi pas ngajual murah malah teu aya hargaan. 
Sabab naon? Sabab urang kota jeung anu 'berpendidikan' teu rido mayar  mahal 
jang warga desa. Beas mahal saeutik protes. Ari sapatu naek terus  mah tara aya 
anu demo.  Ceuk kuring mah, jaminan harga mun panen jeung modal jang produksi 
jauh leuwih penting....

7.Teu naekeun  harga bensinleuwih ti 10% per taunna
Tah ieu pamikiran kaum elit kota. Pikiran parsial jang kapentingana.  Bensin 
naek ku sabab nurutkeun harga pasar.  Teu adil, mun jalma anu kabareda meuli 
mobil, motor, ngadaharan subsidi ageung pisan, juragan. terang teu upami akang 
gadung kijang krista we, terus sapoena jalan rata-rata 80 km, eta dina sabulan 
geus nuang subsidi bensing Rp 1600.000. Naha ari patani kudu harga pasar bae. 
Teu adil, kang.

8.Teu make kaum Neoliberalis (mis: ex direktur Bank Dunia atawa IMF) salaku 
menteri.
Satuju. Ieu kampanye ngenaan bu Ani (Menkeu ayeuna). Tapi naha eta cukup jadi 
kriteria?
Salam
Tantan. 



On Mon, Jul 7, 2008 at 2:07 PM, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED] id> 
wrote:


CALON Presiden RI
 
Kaingetan ku kamari petugas pendaftar pemilu taun 2009, nu teu bisa leupas tina 
pamilihan presiden nu rek datang, di handap ieu sakadar uneg-uneg, saha atuh nu 
pantes pikeun jadi presiden Indonesia nu bakal datang..
 
System ekonomi neoliberalisme/ globalisasi nu mangrupa privatisasi, kanaekan 
harga barang (nyabut subsidi), deregulasi, perdagangan bebas, jste tos 
nyangsarakeun penduduk di sakuliah dunya.

Upamana bae dina taun 1980, 20% penduduk beunghar panghasilanana 45 kali lipet 
tina 20% penduduk nu pangmiskinna, dina taun 2000 ngalipet jadi 75 kali. 1,3 
milyar penduduk nu penghasilanana di hadapeun US$1/poe. Leuwih ti 80 nagara 
taun 1999 income per kapitana leuwih handap batan taun 1989 (sumber Tabb, 
William K, "globalization", Microsoft® Encarta® 2006). Bedana antara beunghar 
jeung miskin leuwih jauh. Itu teh akibat tina system ekonomi neoliberalisme. 
Hanjakalna kaum neoliberalisme ayeuna tos nguasaan cabinet jeung dpr!

Ku modal dana nu gede, kaum neoliberalisme bisa nangtukeun calon presiden 
Indonesia nu bisa kapilih nyaeta calon nu bisa ditarima ku pasar. Hartina daek 
ngajalankeun program neoliberalisme.

Kulantaran eta kajadian kanaekan harga barang saperti bbm nu nuturkeun harga 
pasar dunya leuwih diutamakeun batan kamampuan rahayat pikeun meuli. Kusabab 
eta bbm ti taun 2005 tug nepi ka taun 2008 tos naek 3 kali lipet

Ku kanaekan eta, hartina ti taun 2005 nepi ka taun 2008 premium naek ti rp 
1.810,- jadi rp. 6.000,- atawa naek 231% ngan dina tempo 3 taun wae. Ongkos 
angkutan umum naek ti rp. 1.000,- jadi rp. 2.500,-. Harga bako oge naek lumayan 
netek, saperti beas ti rp. 3.000,- jadi rp. 6.000,- per kilona.

Barang                        Harga 2005      Harga 2008      Kanaekan
Premium                       1.810                  6.000                231%
Beras                           3.000                   6.000                
100%
Angkutan Umum           1.000                 2.500                150%
Minyak Goreng            4.500                  13.000             189%
UMR                           635.000                972.000            53%


Dina tempo 3 taun gedena kanaekan barang rata-rata 168%. Ieu ngabeuratkeun 
pisan rahayat, kulantaran UMR ti taun 2005 nepi ka 2008 ngan ukur naek ti rp. 
635.000,- jadi rp. 972.000,- Ngan ukur 53%! Itu oge loba pagawe nu teu milu 
ngasaan upah UMR, misalna bae guru sakola swasta [utamana sd & tk), pramuniaga 
di toko-toko atawa pelayan di warung makan. Patani oge susah, kulantaran 
sanajan harga beas di pasar naek, tapi harga beuli gabah ti patani mah tetep 
bae handap. Para nalayan jeung supir angkot oge kateunggeul kulantaran 
maranehna loba make bbm. Di media masa dibewarakeun loba nalayan embung ngalaut 
saentas kanaekan bbm.
Jadina proses pemiskinan masal kulantaran rata-rata kenaikan harga barang 3 
kali lipat  leuwih geda batan kanaekan panghasilan rahayat.

Saentas kanaekan bbm katilu kalian nu dilakukeun ku rejim SBY-MJK dina 3 taun 
kalayan noron, beurat rasana pikeun milih pasangan eta (atawa salah sahiji ti 
eta) pikeun jadi presiden. Malahan Amien Rais mah, geus terang-terangan yen SBY 
teu pantes jadi presiden deui.


Kamajuan ekonomi nu bejana 6% teu sajalan jeung turunna nilai rupia ka dolar 
(ti rp. 8.000,- ka rp. 9.000,- per dolarna), jeung lobana penderita kurang 
gizi/ gizi goreng nu nepi ka angka 5 juta jiwa kulataran kalaparan. Ti Aceh, 
NTT, Sulawesi dugi ka Papua rakyat tiwas kalaparan. Naha masih bisa rahayat 
kuat nahan lamun SBY-MJK dipilih deui?

Rejim SBY-MJK sigana kapangaruhan pisan ku ekonom neoliberalisme nu leuwih 
mentingkeun kaperluan kapitalis/pangusaha batan mayoritas rahayat Indonesia. 
Leuwih ti 90% sumber kabeungharan alam Indonesia, saperti minyak, gas, emas, 
perak jste dikuasaan ku pangusaha-pangusaha deungeun saperti Exxon mobil, 
chevron, bp, Freeport jste.

Sanajan bejana Indonesia tos leupas ti IMF, tapi kanyataanna mantan Direktur 
IMF jadi Menko Perekonomian dina cabinet SBY. Program2 IMF saperti privatisasi 
BUMN, panghapusan subsidi bbm, privatisasi PTN terus jalan teu aya eureunna.

Kelompok ekonom neoliberalisme usaha satekah polah pikeun ngalakukeun 
privatisasi BUMN. Maranehna upaya ngaleungitkeun pelayanan masyarakat nu biasa 
dibikeun ku pamarentah bari oge ngupayakeun ngurangan pajak nu kudu dibayar 
oleh pangusaha beunghar/spekulan pasar. Contona bae, pami barang sapopoe nu 
dibeuli ku rahayat gedena PPN 10%, tapi keur barang nu bisa dimaenkeun ku para 
spekulan pasar saperti saham, pajakna ngan 0,1% wae. Pajak barang mewah saperti 
mobil mewah oge turun nyirorot!

Panegakkan hukum oge sanajan katingalna ngagumbirakeun tapi skalana masih kelas 
cetek. Anu kelas milyaran, trilyunan mah teu acan. Teu acan oge pamulangan 
harta hasil korupsi hampir teu aya. Contona bae kasus dirugikeunana nagara dugi 
ka rp 600 trilyun dina kasus BLBI/KLBI dugi ka ayeuna tacan bisa dipulangkeun 
satengahna satengahna acan.

Tah atuh cikan Kriteria Calon Presiden Ideal teh nu kumaha....?

1.Teu nganut  sistem Ekonomi Neoliberalisme nu leuwih ngutamakaeun kapentingan 
perusahaan Multi National Company batan rakyat Indonesia
2.Teu ngajalankeun agenda Neoliberalisme IMF, World Bank, dan WTOnu maksakeun 
Privatisasi BUMN, Rumah Sakit Pemerintah, jeung PTN, Deregulasi
3.Ngalakukeun Nasionalisasi Perusahaan Tambang atawa paling henteu meunangkeun 
bagi hasil nu ilahar.
4.Nyadiakeun PTN ku biaya nu bisa kahontal rakyat miskin
5.Ngabogaan program Berdikari. Sacara mandiri ngolah Kekayaan Alam pikeun 
kemakmuran rakyat. Teu make kawijaksanaan nu barangmaen nu bergantung ka 
investor asing 
6.Mere  patani lahan minimal saluas 2 hektar per KK
7.Teu naekeun  harga bensinleuwih ti 10% per taunna
8.Teu make kaum Neoliberalis (mis: ex direktur Bank Dunia atawa IMF) salaku 
menteri.
9. ...........
10. ............ ......

Jadi, saha atuh nu pantes jadi presiden.... ......... ........? ????????? 
????????? ????????
 


-- 
tantan hermansah | SM 1270

 


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke