waalaikumsalam! abdi mah nembe semester 2 bade ka tilukeun,entagan 2007 namung gaduh harepan anu mudah-mudahan ngawujud ku ayana saran-saran ti ieu milis. sanes maksad kaderisasi di himpunan teu sae, namung teu aya lepatna nampung pamendak ti nu haat kana kasundaan sangkan calon-calon guru basa sunda teh nyangking rasa kasundaan anu panceg.tah insya alloh ku simkuring baris diteraskeun pamendak-pamendak ieu boh ka dosen boh ka himpunan mahasiswa sunda saparakanca kanggo janten bahan nimang-nimang model kaderisasi ka payunna.
--- In [email protected], afif wrote: > > Assalamualaikum > > Dupi kang ilham angkatan taun sabaraha di UPI na?? > > Abdi seueur re2ncangan di basa sunda UPI > > Ke heula sakedap, kang ilham teh dosen atanapi mahasiswa di UPI teh??

