Aya babaturan di bandung, aslina mah urang surabaya, s1-na di surabaya, kungsi jadi dosen di universitas muhammadiyah (poho deui di surabaya atawa malang) s2 ti elektro itb, s3 oge, tapi teu terus. Jadi dosen tidak tetap di elektro itenas. cicing di bandung. Panyajak deuih. Judul kumpulan puisina, Nyes & Plong, wedalan ITB Press.
Manehna, ngaran resmina mah Gamstya Rudana, sok disebut mas Gamesh, rada paduli ka urusan sosial. Cara jadi reader pikeun barudak di Wyata Guna (asrama tuna netra di jl. Pajajaran bdg). Ayeuna keur boga garapan jeung babaturanana, msiswa itb, ngurus anak jalanan, ayeuna keur ngurus nu di pasar ciroyom cenah. Rek ngabajuan jeung sajabana. Kanu gaduh baju tilas tapi layak pake, ukuran barudak umur SD jeung SMP, kaci pisan disumbangkeun ka barudak jalanan bdg. tiasa kontak ka Gamesh, hp 081394670169 Nuhun Mj Mangjamal.multiply.com

