Adi simkuring insya allah, bade ngayakeun walimahan jatukrami pertengahan
agustus 2008 di Pasantren Cipari, Wanaraja, Garut. Dina rapat panitia
(adi-lanceuk simkuring) tos sapuk seja nganggo tema sunda somah. Temana teh
pesta panen. Suasana na siga di sisi pasawahan nu dipapaes ku taman sayuran
jeung alat tatanen. Musikna nganggo waditra sunda sareng modern kacapi suling
sareng sunda jazz ti STSI Bandung. Tawis socana bros angklung ti saung angklung
(mang) udjo. Seragamna nganggo kabaya nu tiungna digelungkeun siga tukang
lotek palemburan sareng pamegetna nagnggo setelan pangsi barangbang semplak.
Kanggo ngareureuah, musik pangbageana rampak beduk (sukawening, garut), rampak
kendang, atanapi surak ibra (wanaraja, garut)
Alatan kitu, simkuring mundut pamendak ti palawargi sadayana manawi aya
pamendak-pemandak nu sanesna nu narik ati. Sajabi kitu, sim kuring mundut
bantosan teks surat ondangan nu nanggo basa sunda. Sukur-sukur anu rada benten
kecap-kecapna...
Firman Juliansyah
Office:
PT Tirta Golden Boys
Jl A2 No. 41, Cipinang Muara, Jaktim, Indonesia 13420
Ph: +62 21 8514742, Fax: +62 21 8501347
Home:
Jl Matraman Dalam III No 1, Rt 04 Rw 07
Kel Pegangsaan, Kec. Menteng, Jakarta Pusat, Indonesia 10320
Mobile Ph: +62 81 320 656 905
Email for YM & Friendster: [EMAIL PROTECTED]