Ieu gambar pa pulung atawa bapa narah. Di poto di jalan alternatip asuk ka
kawasan tanah ulayat Baduy.

Teu ka ciboleger katuketug, tapi ka ciranji-kp Pa Pulung. Pa pulung sok ka
bandung jakarta, mawa baju jeung madu jualeun. 

pangjauhna kungsi cenah ka panjalu, keur leutik, diajak bapana alm. Di
ciranji pa pulung teh kokolot kampung atawa rt meureun. 

Garis kulawarga ti baduy jero, ti cikertawana.

 

Di lawang aya papan tulisan Amanat Buyut. Ringkes tapi eusi

Nu gampang kaharti mah sigana soal kudu ngarawat alam tempat hirup.

 

panjang teu meunang dipotong

pondok teu meunang disambung.

 

Jadi kudu kumaha? Nya antep we. Let it be.

 

di handap, sigana kana hal lain, soal sikep atawa patekadan.

 

nu lain kudu dilainkeun

nu ulah kudu diulahkeun

nu enya kudu dienyakeun

 

meureun maksudna kudu pasti.

 

<<image002.jpg>>

Kirim email ke