aya-aya bae. Cik atuh upami babagi inpo teh teuleuman heula. Ceuk saha mun al qur'an anu distel terus kapotong (sabab nanpa telpon) jadi beda harti. Nu aya, maknana teu anggeus. Teu beda ibarat urang maca Al Qur'an surat al fatehah wungkul. Teu anggeus! Sabab Al Qur'an mah sa Qur'an, sanes sasurat. Satiap surat silih untuy hartosna.
Kadua: ulah nulis/nyebatkeun 'mosque' pikeun 'masjid' [sabab mosque deukeut2 kana mosquitoes=reungit] Ieu argumen teh sarua jeung: BUBUR jeung BUJUR. Ngan beda B jeung J beda arti. Nu lainna, ah...sarua. Da hurup mah ngan sakitu2na. -- tantan hermansah | SM 1270

