Assalamu'alaikum Wr.Wb. Punten ah bade kiring ngaramekeun, sim kuring oge resep pisan ari ngobrol perkawis karuhun mah. Pribados ari asli mah kalahiran Sumedang, mung ari asli bibit buit mah duka ti mana boa, rumaos paremeumeun obor ( ngan ukur terang dugi ka aki). Dugi ka danget ieu oge masih tetep panasaran hoyong tiasa mapay sarisilah kaluarga. Noroskeun ka kolot sorangan teu tiasa, ahirnya sok rajin turas taros kanu terang perkawis sarisilah. Alhamdulillah gening kapendak, aya sababaraha nami karuhun. Aria Kamuning - - -- -- > Marbun Jenang - - -- --> Santang Walaga -- -- --> Tunggul Bitung | | V Pribados <--------- Yusup Sukarya <-------------- Dasuki ( Pun Bapa ) ( Pun Aki ) Tah mung nembe sakitu nu tos kapendak, sanaos kirang kumplit, tp sakedikna tos aya gambaran ( leres henteuna wallahu alam ) Nya punten atuh mamanawian aya anu tiasa ngalereskeun atanapi sarisilah na aya anu katoel, sim kuring nyuhunkeun pencerahan Wassalam, Sukma Alam Bratawijaya
--- On Wed, 7/16/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] karuhun ? To: [email protected] Date: Wednesday, July 16, 2008, 2:16 AM

