Wa'alaikumsalam Wr. Wb. Kang Apri, cobian di Jl. Otista palih kenca, caket jl. Dalem Kaum (pami mengkol ka kenca), ieu mah lempeng sakedik. Aya plang "Reparasi Tas", ngahiji sareng gorobag Mi Kocok di payunna, di lebetna oge nampi jaitan anggoan. Urang Tionghoa nu gaduhna. Abdi tos sababaraha kali kadinya ngadangdosan tas, lumayan mirah & padamelanana ge sae/rapih. Abdi ge gaduh lereskeuneun koper & kantos naroskeun kadinya, tiasa saurna* tapi teu acan kabujeng bae. Hanjakal teu disimpen nomer teleponna.
Aya deui di Jl. Sunda, caket rel kareta api, payuneun pom bengsin, abdi teu acan kantos kadinya. Mangga, teu langkung bade kamana ngadangdosanana. Mugia mangpaat, Ro2. >>> [EMAIL PROTECTED] 07/20/08 06:52PM >>> Ass. Wr.Wb, Baraya sadayana, punten bade tumaros. Numawi aya nu terang, dimana tiasa ngomean koper di Bandung? kapungkur nyobian milarian di Kota Kembang, tapi teu aya, kalahkah ditawisan meser nu enggal. Hatur nuhun sateuacanna. Wassalam, Apri

