Kahatur para wargi sadaya anggota Mili Urang Sunda.

Sampurasun.
Langkung ti payun kalintang nganuhunkeunana kana saniskanten komentar
nu tos didugikeun  ka pribados ngeunaan seratan Walisongo. Naon-naon
nu ku pribados parantos dijentrekeun dina eta seratan teh, taya sanes
dumasar kana sababaraha pustaka nu kapendak ku pribados di
Leiden-Holland. 

Kukituna hapunten anu kasuhun saupami dina eta seratan teh tangtos aya
nu papalimpang atanapi gejlog pasalia paham sinareng pamendak para
wargi sadaya. Kana eta sagala saran sinareng komentar, teu hilap
pribados ngahaturkeun rebu-rebu nuhun. Kalihna ti eta seja sasadu
rehna pribados teu wantun masihan waleran nu langkung payus,
malahmandar aya pasalia paham sinareng pependakan para wargi sadaya.
Sakali deui hapunten anu kasuhun.

Kantos pribados mendak bewara ti BBC rehna dina waktos ayeuna di
nagara China aya umat Muslim nu seueurna langkung ti 20 juta. Dina
tahun 2007 wae, aya 10.000 umat Muslim nu parantos ngalaksanakeun
ibadah haji ka tanah suci Mekah.

Salajengna mugi kauninga, rehna agama Islam lebetna ka nagri China teh
nyaeta dina tahun 651 M, 20 tahun saparantos pupusna Rosululloh
kangjeng Nabi Muhammad SAW. Dina pajamanan Dinasti Song sareng Tang,
agama Islam teh dijenenganan "Dashi fa" "Hukum urang Arab", nu
salajengna dirobih janten "Huihui Jiao" nu hartosna Agama ti suku Hui.
Dupi suku etnis Hui di China teh taya sanes salah sawios suku nu
pangseueurna ngagem agama Islam.

Aya deu nu peryogi kauninga ku para wargi sadaya, rehna aya 6 (genep)
inohong pinunjul nu ngadegkeun Dinasti Ming, nu mana marantenna teh
parantos tuntas ngagem agama Islam. Malihan mah aya hiji dedengkot
Islam China nu kamashur nyeta Laksamana Cheng Ho, anu kalintang rosa
sinareng tekunna nyebar-luaskeun agama Islam ka sababaraha wilayah
mancanagara kalebet Indonesia.

Saleresna mah urang Tionghoa teh ngagem nyepeng budaya luluhurna taya
sanes dalah campuran tilu agama nyeta Budha, Kong Hu Chu sinareng Tao.
Urang Tionghoa mah, kaseuseueurannana kagungan pamadegan, rehna Budaya
teh taya sanes nyeta Agama tea.

Sakitu anu kapihatur. Malah mandar aya kalepatan dina ieu seratan,
hapunten anu kasuhun, kaluhur sausap rambut kahandap sausap dampal.

Salam hormat pribados,
Mang Ucup.


Kirim email ke