teu sadaya bobotoh PERSIB siga kitu kang...!! eta mah oknum namina...

saumur hirup kakara kamari nongton langsung ka stadion,
da tadina mah hayang nyaho siga kumaha,
emang hiruk pikukna mani matak rieut..!!
mending lalajo diimah siga kieu mah, da teu bisa jongko2 pisan,
ceuk cenah.. stadion siliwangi teh geus teu pantes keur pertandingan
persib mah, da unggal persib maen penongtonna sok tara katampung,
tah penongton nu teu katampung anu sok ngamuk teh,
kamari oge ngadon maledogan ku batu ka jero stadion,
batu ting selewer... aya nu keuna aya nu henteu...
pantesan atuh loba penongton anu marake helm...!! :D
ngke mah cenah tanggal 5 agustus maenna di si jalak harupat anu daya
tampungna 60rebu....

di jero stadion pinuh ku rebuan bobotoh anu beda2 pamolahna,
aya nu jojorowokan, nu tatakolan, nu nyanyi, nu jaroged,
nu naraek kana pager, nu ngadon dariuk wungkul oge loba...
bobotoh teh geuning lain saukur lalaki wungkul, barudak awewe oge loba,
ibu2 oge aya, aki2 oge aya...!!

perang batu lain saukur jeung pendukung lawan,
jeung sasama bobotoh oge geuningan kajadian di jero stadion..
gara2na mah pedah bobotoh di tribun selatan anu naraek kana pager
ngahalangan bobotoh anu di tribun timur...
puguh atuh dibaledogan anu naraek kana pager teh,
ngan batuna keuna ka penonton anu dihandap, jadi we perang batu.
ngan ari nu naraekna geus turun mah... eureun perang batuna oge..

tanda2 rek rusuh katingali saprak wasit kurang fair mingpin
pertandinganana, harita masih 1-1 keneh..
tong waka bobotoh anu fanatik, uing oge kesel ningali wasit siga kitu teh,
pemicu rusuhna mah basa si bambang anu "katingalina" ofset,
teu dipritkeun ku wasit, malah ngagolkeun... tah etaaa...!!
tapi bobotoh anu "balageur" siga uing mah milih baralik daripada rusuh mah,
basa skor 3-1 oge geus loba bobotoh anu langsung baralik...
anu rarusuh mah lolobana barudak mareujeuhna keneh, anu kapangaruhan ku
alkohol...!! tah nu kitu nu ngaranna "oknum" bobotoh...!!

jadi teu sakabeh bobotoh siga kitu...!!!


-Panzi-
**ngawakilan bobotoh anu bageur... :D




> Di tanah Sunda sanes Persib wae, aya Persikabo(kab bogor),
> Persitara (tangerang), Pelita jaya (purwakarta)
> mana pendukung tim anu sanesna ...
> hanyakal Persikabo geuning teu lebet ka divisi utama.
> Bobotoh persib mani goreng adat lamun aya pertandingan
> di bandung, rek eleh rek meunang sok ngamuk jiga
> acan tuang landong wae ..... :(
>

Kirim email ke