Kedah ati-ati ngagaleuh buku di Palasari online, teu sapertos naon anu 
ditawiskeun nyaeta gampil, enggal, jrrd. Sababaraha waktos anu 
kalangkung sim kuring ngagaleuh buku (di palasari online) sakumaha anu 
disyaratkeun artosna ditransfer via bank anu ditangtoskeun, diantos-
antos teu hol bae eta buku teh, saparantos dua dinten nya ditelpon, ana 
pok teh walerannana: "Buku sudah dicari di gudang tidak ketemu" Kacida 
pisan hanjeluna, tapi dalah kumaha da tos kitu kajadiannana, tug dugi 
ka danget kiwari buku euweuh duit lapur. Kade ka wargi sadayana masing 
ati-ati ulah gampil percaya balanja buku di palsari online 

Kirim email ke