M E R E
Ditulis Ku: Kebo Hideung -Griya Mitra Batik Kawalu
Tasikmalaya #Juli 2008
Kunaon Lo
nguyung kitu? jiga keur boga kasusah.
Ah..geuleuh uing
mah Mang..jaba campur sebel hayang utah ningali beungeutna oge !
Har..ari Alo.. hayang utah mah atuh tinggal utah, tong
dihenghem kitu kalahka matak lieur kana sirah.
Mang...! ieu mah lain hayang utah jiga anu mabok dina beus,
tapi...
Tapi naon Lo..?
Enya
we..uing teh sebel ka si eta teh !
Ka saha Lo ? sing
jentre atuh ngarah teu jadi fitnah.
Kasaha deui atuh Mang mun teu ka si wadah runtah mah.
Tuh nya Alo mah teu puguh, sagala disebut, saha atuh maksud
teh ?
Eta si Ewok Mang, pikasebeleun jaba matak ngerakeun
jalmana..!
Ari kitu pedah naon
Lo, jiga anu ambek pisan?
Kieu Mang caritana mah...
Cikan kumaha Lo...sok nyalse we ngobrolna
Basa kamari kapanan aya tamu ka bumi mama ajengan
Tamu timana kitu?
Ah..duka teh teuing
tamu timana-mana namah, da eta tamu teh disuguhan beuleum lauk gurame jeung
sagala rupa.
Tuluy kumaha ?
Nya
pondok caritana mah si tamu teh taruang we balakecrakan, bakat ku loba
tuangeun,
nya nyesa we gurame jeung nu sejenna teh.
Tuluy hubungana jeung si Ewok naon Lo?
Tah eta anu matak pikaseueuleun teh..
Enya atuh naon Lo..?
Tah..sisa tuang
tamu teh diringkid ku si Ewok kabeh teu nyesa, tinggal wadahna Mang..! Coba
emut ku Amang pan matak ngerakeun...!
Ha.ha.ha.ha.....sugan teh kunaon ha.ha.ha.ha...
Naha Amang kalahka seuri..?!
He.he.he...hampura Lo..lain nyeungseurikeun Alo ieu mah,
tapi hayang seuri ku kalakuan si Ewok amang mah.
Ah..nukitu mah boro-boro matak pikaseurieun Mang, nu puguh
mah matak hayang nalapung.
Enya
Lo saliwat mah kalakuan si Ewok teh pikasebeleun, hese Lo si eta mah geus adat
ka kurung ku iga, lain carekeun tapi maklumeun si Ewok mah.
Kieu Lo... hirup mah tong sok hayang dibere, tapi hirup mah
kudu bisa mere ka batur, hartina salengkah-lengkahna urang teh kudu bisa mawa
atawa mere mangfaat keur batur, Insya Allah hirup urang moal ngarasa
kakurangan.
Ah..da uing mah teu
hayang dibere gurame, komo eta gurame pasesaan..!
Enya
matakna geus tong dipikiran, da moal matak ngabalikeun deui gurame anu dibawa
ku
Si Ewok, ayeuna mah mending syukuran, Alo mah teu dibere gurame oge kapanan
boga
di balong, tuh ting suruwuk meupeuskeun cai anu sakitu herangna.
Hmm..enya nya Mang, naha uing teh
bet boga hate sirik ningali polahna Kang Ewok, padahal uing mah gurame oge
tinggal nyiuk di balong.
Tah alus
atuh ari geus kaharti mah, sok anggur mah bere tah si Ewok, karunya kapanan
manehna mah teu boga endol-endol acan komo balong mah. Jaba si Ewok mah budakna
oge reuay, atoheun geura dibere gurame anu sakilo oge.
Ah enya Mang kuring rek mere kang
ewok, itung-itung panebus dosa, dupi si Bibi resep gurame?
Ihh...puguh we atuh Lo, ari gurame mah kasedep manehna ti
jaman leutik mula.
Ke atuh sakalian nitip kaanggo si Bibi
sina dipasak.
Ah..teu kudu Lo..tapi ari Alo ridho mah teu
nanaon hehehehe...
Antosan
sakedap nya Mang, uing ngala lauk heula.
Enya jig
atuh..ku Amang didagoan di warung.
=====================================================
Get your new Email address!
Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/