Ateul ah ... bade ngiring jabung tumalapung
Perkawis etika mah leres pisan tah, seueur nu pinter dina teori tapi
prak-prakanana mah geuning "nol besar". Nu karasa ku si kuring mah aya loba
dulur sabangsa mun disopanan teh (kabeneran lain urang sunda) nganggapna
urang sieun ku manehna jadina ngahampas. Matak ayeuna mah jedak-jedak wae
lah jeung jelema siga kitu teh, cekeng teh deuk gelut ge hayu lah moal
burung dilawanan.
Pernah si kuring mang mukakeun panto mall jang batur, tadina mah muka jang
sorangan ngan tukangeun aya batur kitu, da eta mah teu imut-imut acan,
kalahka baketut haseum, jauh ka kecap nuhun mah. Pernah oge pas keur
olahraga di jalan aya tukang sasapu, si kuring ngomong "punten ngiring
ngalangkung" da dianggapna teh aneh atuh ku anu ningali teh.
Hal-hal nu leutik siga kieu teh conto lain na loba pisan, saurang bisa
nyieun rebuan conto meureun, nu bener-bener karandapan ku manehna. Matak
asana teh (ieu mah rarasaan wungkul, mudah-mudahan salah), asa teu pantes
mun bangsa urang disebut bangsa nu ka kenal ku karamahanana. Aeh enya ketang
ramah mun geus aya hayangna ... hahaha.

Salam,
Budyana


On 7/25/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Enya nya leres..masyarakat urang teh keur gering..teuing gering
> naon..euweuh etika tata krama..koret maaf jeung permisi...ego individual
> tinggi...embung disalahkeun..teu ngarasa salah...rada2 ngajurus kulantaran
> duit sagala okey....mun batur nyebut "excuse me'..urang mah "not
> me"....Pernah sim kuring ramah2 ka awewe di toko Gramedia...malah disangka
> rek..ngagoda...ti kajauhan manehna ngalirik bari curiga jeung rada
> nyibir.....
>
> On 7/24/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>    Kecap-kecap Ajaib.
>>
>> Dina widang komunikasi, hususna widang iklan, kabuktian yen
>> kecap-kecap "FREE" atawa "Gratis", jeung oge kecap "NEW"
>> alias anyar, ngabogaan daya pikat nu pohara dibandingkeun
>> jeung kecap-kecap sejenna. Kaampuhan dua kecap ieu salaku
>> 'stopping power' loba pisan ngabantu ngalahirkeun produk-produk
>> anyar nu sabenerna mah, cukang lantaran kamajuan tehnologi
>> nu sumebar teu ngabogaan kaunikan utama jeung produk
>> sarupa nu tos aya di pasar.
>>
>> Stopping Power dina wanda visual oge aya, nyaeta: bayi lucu,
>> istri bahenol. Tapi iklan mung bagian leutik tina pamasaran,
>> jeung bagian leutik pisan tina kahirupan.
>>
>> Dina kahirupan sapopoe aya dua kecap nu pohara "powerful"
>> tapi mangkin carang dipakena. Dina salah sahiji milis, pernah
>> kabaca soal nu narik ati madungdengkeun dua kecap ieu.
>> Dina buku nu judulna "*The Great Spirit*", nu ditulis ku Prie GS
>> husus nalungtik kalayan jero pisan dua kecap ieu dimana nu
>> makena teu kudu mayar hak paten, tapi tetep bae mangkin
>> teu jadi populer.
>>
>> Dina milis insan periklanan aya nu nulis ihwal rapat jeung KPK.
>> Salah saurang nu hadir nambut korek gas keur nyundut rokona
>> terus ngabalikkeun deui korekna bari teu aya basa teu aya carita.
>> Salah saurang pupuhu KPK negor jalma eta:"
>> Naha anjeun teu nganuhunkeun ka si B [nu nulis posting]?".
>>
>>  Terus pupuhu KPK eta teh neruskeun:"Inget, di dunya teh aya
>> dua kecap nu mana urang teu meunang koret. Nu kahiji "PUNTEN"
>> nu kadua "NUHUN". Kunaon kudu koret? Dua-duana ge gratis!".
>>
>> Ti barang leutik, untungna  kuring dididik dina lingkungan kulawarga
>> nu salamina ngaluarkeun dua kecap eta, oge terus ditepakeun ka
>> barudak. Tapi sering pisan barudak kuciwana. Sering kuring sadaya
>> balanja, saentas mayar di kasir terus nyanggem "Nuhun",
>> tapi kasirna ngabetem bae. Atanapi di super market pinuh,
>> keur jongjon ningalian barang-barang nu dipajang, kasenggol nu lian.
>> Terus urang ngalieuk kulantaran kaget, eh da kilangbara nyebut
>> "punten", malah molototan.
>>
>> Di jalan, perjuangan teh mangkin beurat.
>>
>> Tiap spion mobil kasenggol ku motor, boro-boro nyebut "punten"
>> atawa gugupay mere isyarat 'punten, teu dihaja', eh ieu mah
>> da si akang teh terus bae ngabur. Masih mending ketah,
>> teu molototan di balik kaca helmna nu poek bari
>> ngagerung-gerung gas motorna.
>>
>> Cobian bayar tol terus ucapkeun "nuhun". Urang itung sabaraha
>> urang patugas tol nu ngajawab:"sami-sami" atawa "sawangsulna".
>>
>> Padahal urang teh kakoncara salaku bangsa nu ramah jeung sopan.
>> Di Amrik bae, urang bisa-bisa matak era parada, lantaran ngan saukur
>> meuli roko bae, si kasir geulis bule teh ngaberele:
>> "*Thank you. **Come again. Have a nice day..."**
>> *
>> Aya deui nu unik dongeng babaturan. Turun tina ojeg [biasa Jakarta
>> macet],
>> terus manehna nyebut:"*Terima kasih, Bang*".
>> Bang Ojeg:*"Ah Bapak, pake terima kasih segale. Kan situ membayar*"
>> He.. he.. he...
>>
>> Dina hiji poe kuring milu turnamen golf di Rancamaya.
>> Saperti biasa isuk-isuk sok rame antri ka locker. Saperti biasa oge
>> kuring kapok antri bari ngalamun pami ngantri di tukangeun nu sejen.
>> Soalna tos sababaraha kali panto locker dileupaskeun kitu bae ku jalma
>> hareupeun kuring, tangtu bae ngabadug kana irung. Sapertina taya
>> kabiasaan urang pikeun ngalieuk ka tukang, mariksakeun bisi aya nu
>> lian terus nahan panto supaya teu ngabadug. Harita ge saperti biasa,
>> kuring taki-taki bisi panto dileupaskeun. Tapi bapa-bapa tengah tuwuh
>> di hareupeun kuring, ngalieuk ka tukang, nahan panto dugi ka kuring liwat.
>>
>> "Nuhun, pa"
>>
>> Sami-sami, yi.."
>>
>> Di locker nu koridorna heureut, kuring keur masang sapatu.
>> Puluhan jelema, teu Korea teu Jepang, bule oge Indonesia
>> ngaliwat sangeunahna bae. Kuring tara protes deui, da tos biasa.
>> Meureun kabeh ge rusuh, kulantaran sakeudeung deui *tee off.*
>>
>> Tapi aya hiji nu ngalangkung:"Punten yi, tiasa ngageser sakedik?"
>>
>> "Mangga", bari dilieuk. Eh, si bapa nu tadi tea.
>>
>> Kabeneran deuih kuring maenna sa-*pairing* jeung anjeunna.
>> Sihoreng anjeunna teh pangusaha 'super sukses' nu lebet
>> kana daftar jalma beunghar Indonesia majalah GLOBE.
>>
>> Pami ceuk batur, sukses teh buah tina giat gawe jeung '*attitude*"
>> mangka si bapa ieu tos ngagaduhan satengah amunisi. Soal giat
>> gawe, urang teu terang, kulantaran anjeunna can ngaluarkeun biografina
>>
>> Meureun aya hadena urang langkung sering ngagunakeun dua
>> kecap nu hebat eta sareng gratis tea. Muga-muga bae nagri urang
>> bakal leuwih adem ayem. Insya allah........
>>
>>
>>
>>
> 
>

Kirim email ke