sok maos kana review sareng esei kang Atep teh...wah... hebring pokona mah... salam wanoh kang.
Adit- --- On Fri, 8/1/08, Atep Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Atep Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun (ralat) To: [email protected] Date: Friday, August 1, 2008, 10:56 PM Para kanca urang Sunda saalam dunya, Neda dihapunten sateuacanna. Nembe tiasa nepangkeun. Punten ah sakali deui. Ari wasta mah pun Atep Kurnia. Kawit mah ti Cikancung, Kabupaten Bandung. Tapi sadidinten mah nganjrek di kota Bandung. Padamelan sadidinten mah janten penulis lepas. Boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia. Saur Mang Jamal tea mah leupas ti gedogan, cenah. Tapi ngawitan sasih September mah abdi kuliah S1 di jurusan bahasa & sastra Inggris Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati Bandung. Sakitu nu kapihatur. Hatur nuhun. Atep Kurnia

