Sayah parantos tamat...hehe!

Niskala Wastu Kancana....ngaran keur budak Anggalarang putra prabu Linggabuana, 
adina Dyah Pitaloka. Dicaritakeun umur 16 tahun ngalalana nepika Trowulan 
puseur Majapahit...rek nuntut bales ka Gajah Mada. 

Anggalarang....disetting "gampang bogoh" ka wanoja. Pek we emutan...Mayangsari 
nu adi sabrayna, Dewi Ratna Sarkati putri Sriwijaya, Meng shin putri Tiongkok 
jeung Dahawhardani putri nagara Daha. hehe. Nu jadi istri mung 2 urang, Dewi 
Ratna nu ngababarkeun Amuk Murugul nu engkena raja kerajaan Sunda, Mayang Sari 
ibuna Dewa Niskala nu engkena jadi raja Galuh.

Gunung Sawal, Cakrabuana, Slamet, Wukir, Wilis oge candi-candi kacaritakeun. 
Malah guning Wukir jadi muka rusiah urang Sunda jeung Jawa. 

Kasimpulan Novel Niskala...teu jauh ti novel Dyah Pitaloka nu ceuk pangarangna 
(mun kuring teu salah ngijir) hiji upaya keur ngahijikeun/menjembatani urang 
Sunda jeung urang Jawa. 

Kumaha kang Hermawan?


baktos,

siporenges


      

Kirim email ke