Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1.
Assalaamu’alaikum
warohmatullahi wabarokatuh,sampurasuuun,kuring Nonggerak menta hampura ka
sakabeh sepuh,kuring meunang parentah deui jang maluruh,sugan bisa urang
nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu nyaah ka urang sunda,urang
pagedrog make carita,teu meunang make rasa,urang kahareupkeun maksud
mimitina,urang mimitian dina poena,nuturkeun carita nu teu puguh timana
asalna,kuring mawa carita nu mistina,lain ngan saukur nu bisa
katara.Sawareh
mawa carita nu asa enya,dumasar kana kitab nu jiga enya. Jieunan manusa nu
teu kungsi aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal tarung carita sok
pang hayangna diaku enya. Sawareh mawa carita ti kolot2na nu enya,ngeunaan
kajadian nu teu kalakonan enya,ngan hanjakal ngabela ngan ku rasa asa
enya,teu inget lambey manusa sok jauh ti enya. Sawareh ngan saukur
ngadenge carita nu katingali enya,asa milu jeung katingali enya,keun wae
carita jauh ti enya,jeung sarua hanjakal sok pa enya-enya. Sawareh
nungguan nu mana nu enya,hayang maluruh karuhun pituin nu enya,ngarah bisa
nyulusup kana hate nu enya,ngarah teu haben unggal poe teu nyaho nu enya.
Sawareh teu paduli nu mana nu enya,da geus ngarasa euweuh patali jeung
kajadian nu enya,jeung ngarasa euweuh untungna malire nu enya,nu penting
bisa hirup jadi jalma enya. Kuring ngawakilan ‘jalma’ nu ngalaman nu
enya,dumasar kanu karasa,katingali,kainget nu enya,nu masih kumalendang
ngalakonan di alam dunya nu enya,ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu
enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya,hampura mun teu kasawang ieu
enya,hampura ulah kabawa hate nu enya,hampura mun kuring mawa carita nu
teu biasa enya.
Siliwangi
kataji ku ajaran Islam,diajar jeung ngadatangkeun guru2 Islam,nepi ka
ngaku dirina Islam,kunaon bet gujrud mun dirina Islam ?Ki
Santang Islam,jadi batur dalit jeung guruna jang nempo kalam,kajeun
maranehna hirup beda alam,tetep pageuh mapay jaman nepi ka salah sahiji
tinggal makam.
Ulah
jadi bancang pakewuh,anggur geura haget urang maluruh,kuring panggih jeung
nu kungsi wawuh,sugan jeung sugan ieu anu puguh.Lain
teu hayang anjeuna mawa bukti ka kiwari,ngan hanjakal nu tiluan can wani
ngahiji nunjukeun ciri,anjeuna oge teu bisa sangeunahna
nyiliwuri,kawatesan ku aturan makhluk dina diri.Anjeun
makhluk,kuring makhluk,anjeuna makhluk,oge nu geus tilar makhluk. Anjeun
mawa bukti,kuring mawa bukti,anjeuna mawa bukti,makam nu tilar jadi
buktiKuring
wawakil nu di amanatan,ngaikhtiaran nu ngahandeuleum lain di wetan,sugan
jeung sugan tinekanan,geus aya mah moal beunang beak dihakan. Bari
ngahaok ka urang sunda,naha
sawareh teu percaya ka Sri Baginda,nu geus ngahaja neundeun benda,jang
bekel aranjeun nu geus lawas ka tunda.