Lalaki nu geus ngalaman kawin, tangtu ngalaman seserahan, dijajapkeun ku 
kulawarga ka imah pimitohaeun. Seserahan biasana barang-bawa, ti mimiti alat 
kecantikan tepi ka simbut jeung sapatu pipamajikaneun. Babawaan dikotakan 
bari dihias dialus-alus. Pas dina poe seserahan eta babawaan teh biasa 
ditaranggeuy ku para mojang (lamun kurang mah bisa oge  ku nini-nini) 
ngabring ka imah pimitohaeun.  Jaman baheula di lembur-lembur babawaanana 
jauh leuwih kumplit,  ranjang, beas tepi ka ....embe dituntun. Tangtu jaman 
ayeuna mah geus hese neangan seserahan anu kumplit kitu, sabab teu praktis, 
komo kudu nuntun embe sagala mah.

Poe minggu kamari kuring jeung pamajikan ngilu nganteurkeun  seserahan anak 
lalaki kapiemang pamajikan, lumayan jauh 170 km ti Bandung. Kapiemang teh 
geus ngantunkeun, tinggal istrina, nu ngahaja datang ka imah, ngondang, 
hayang aya wawakil ti bapana budak, cenah, Ari indit seserahanana mah teu ti 
Bandung, tapi ti tempat budak eta nganjrek di imah Uana ti pihak indung. 
Kabeneran imah panganten awewe deukeut jeung tempat nganjrekna, jadi indit 
seserahan teh cukup ku leumpang.

Ti subuh keneh kuring geus indit ti Bandung, Si Cikal sina nyupir, kuring 
mah geus teu pati wani nyupir ari jauh mah. Jam 10 isuk-isuk, tepi ka tempat 
panganten lalaki nganjrek. Kasampak geus rame nu rek jajap, papada baris di 
gang hareupeun imah. Kotak-kotak babawaan geus rek ditaranggeuy ku para 
mojang nu geus darandan. Rupa-tupa babawaanna teh, saperti ilaharna: Aya 
sapatu, aya alat kecantikan, sepre, simbut.  Barisan dibereskeun, kuring 
jeung pamajikan nangtung we ditukangeun barisan nu mawa babawaan. Tapi 
babawaanna loba pisan, kotak-kotak babawaan masih kalaluar ti imah, akhirna 
pamajikan kuring oge kabagean kotak, eusina sigana mah dodol nu dihias. 
Nengetan kotak nu ditanggeus kunu sejen, geuning, aya oge nu eusina siga 
dodol, ngan warnana bodas. Aya oge kueh lalaukan laleutik.

Keur barisan diatur-atur,  aya nu ngagorowok: "Buaya mana? ....buaya mana?"

Hah .....nu kawin babawaanana buaya? Kuring ngaranjug reuwas. Tapi kareuwas 
kuring sirna, waktu ti jero imah aya nampan eusina roti gede nu bentukna 
buaya. Panyana teh buaya bener, boro geus reuwas. Teu kungsi lila kaluar ti 
imah nu mawa beas sakarung, jeung dua boboko gede, nu hiji eusina sabangsa 
sayuran, aya kol, wortel, kangkung,  boboko nu kadua  eusina leuwih 
istimewa, aya daging dua potong gede, sigana mah daging domba, aya lauk asin 
jambal roti. Pokona mah babawaanana kumplit pisan.

Si Cikal, budak kuring ukur olohok, nempokeun, manehna aneheun, maklum budak 
nu digedekeun di kota, teu nyahoeun  kabiasaan seserahan di lembur. Ngan 
waktu ku kuring disebutkeun ieu teh tradisi seserahan di lembur, manehna 
protes, sabab ieu tempat teh di Jakarta, teu jauh ti gedong-gedong apartemen 
mewah di Jakarta Kidul ......

Baktos,
WALUYA




 

Kirim email ke